Rupa – Rupa Suhunan di Tatar Sunda
Di masarakat Sunda baheula, tos teu bireuk deui yén di tatar sunda aya
sababaraha rupa wangunan imah. Biasana mah mangrupa imah panggung, anu
paseuk / suku na (
pondasi) dijieun tina batu pasagi / balok anu
disebat ogé
batu tatapakan. Kanggo tihangna nganggé kai balok. Bagéan
handap / amparan ngagunakeun papan kai atau palupuh tina haur/awi. Bagéan sisi
/ piding na nganggé bilik atanapi papan kai.
Anu ngabédakeun dina sewang-sewangan eta wangunan nyaéta bagéan luhur /
suhunan. Rupa – rupa suhunan anu dimaksad diantawisna :
1. Julang Ngapak
Nyaéta rupa wangunan
imah anu suhunan bagéan kénca tur katuhuna rada rubak ka gigir. Aya ogé anu
nyebutkeun maké sorondoy. Upami ditingal ti palih payun sapertos manuk julang
anu nuju hiber tur mébérkeun jangjangna.
2.
Parahu Kumureb
Nyaéta rupa wangunan anu suhunan siga parahu anu nagkub.
Suhunan parahu kumureb, kiwari mah disebatna ATAP PERISAI.
3. Badak Heuay
Nyaéta rupa wangunan sapertos saung, teu nganggo wuwung sambungan suhunan
/hateup payun sareng pengker. Upami ditingal sapertos badak nuju heuay.

4. Jolopong
Nyaéta rupa wangunan anu suhunanna manjang, sering disebat ogé suhunan panjang
atau gagajahan.
Suhunan Jolopong dianggo / digunakeun ogé di Kampung Pulo – Garut.
Suhunan Jolopong kiwari mah disebatna
ATAP PELANA.
5. Capit Gunting
Nyaéta rupa wangunan imah anu dina tungtung payun tur pengker suhunan nganggo
kai atanai awi anu dipasangkeunna na nyilang dibagéan luhurna sapertos gunting.
Suhunan capit gunting sami sareng
atap pelana mung ditambihan
rarangkén lisplang yang nyogok ka luhur tur nyilang.