Sasakala Lawang Tadji

           Dicaritakeun di jaman baheula, aya hiji wewengkon di padjadjaran anu aya di belah kulon gerbang padjadjaran. Tempat ieu kosong molongpong euwueh hiji jalma gé anu nyicingan ieu tempat. Nepikeun ka hiji mangsa aya sapasang lakirabi anjog ka ieu tempat, tur matuh di ieu tempat téh. Sapasang lakirabi éta kakasihna Tubagus Safa jeung bojona.
            Waktu ka waktu, poé ka poé, sasih ka sasih, taun ka taun, jalma nu anjog ka ieu tempak beuki loba, nepikeun ka ieu tempat nu tadina kosang molongpong tur leuweung gelenggengan, jadi hiji lembur anu kasohor di tatar padjadjaran lantaran di lembur ieu aya hiji ka budayaan anu populer di jaman Hindu, nyaéta ngadu hayam, teu aya hiji panangtang gé ti lembur séjén anu bisa ngéléhkeun ka hebatan jeung gagahan hayam – hayam nu aya di ieu lembur.
            Saking ku ka sohorna ieu tempat, nepikeun ka kadéngé kamamana, di unggal lembur ngaromongkeun lembur éta, warta ieu terus mapai sumebar kasakabéh wewengkon di padjadjaran nepikeun kadéngé ku Radén Kéan Santang, anu boga rasa yén dirina nu pang kuatna di tatar Padjadjaran.
Hiji mangsa Radén Kéan Santang anjog ka ieu tempat bari mawa hayamna. Nalika Radén Kéian Santang anjog, manéhna langsung reuwas nénjo réana jalma nu keur ngaradukeun hayam. Gancang manéhna naék ka hiji panggung tuluy Ngomong.
“ Saha baé diantara dia nu bisa ngéléhkeun hayam ngaing, érék di béré emas jeung kakawasaan di ieu wewengkon” (sabari ngangkat hayamna).
Sakabéh jalma nu aya didinya jempé, teu lila aya hiji pamuda nu ngaranna Tubagus Gamlok (anak ti Tubagus Safa) nyampeurkeun.
“ Kula wani ngalawan hayam Radén, hayu der urang adukeun! saha nu pang jagona?”.
Kebat di adukeun béh si éta hayam téh, (bakbekbakbek sora hayam ngadu), nepi ka ahirna sing horéng hayam Radén Kéan Santang téh éléh ku hayam éta pamuda tadi, sabari ngarasa teu puas ku kaéléhanna, manéhna minuhan éta jangjina, kebat nanya.
“Saha ngaran hayam éta?”
“Ngaranna Taji” jawabna éta pamuda.
“Kusabab hayam ngaing éléh ku hayam dia nu ngaranna Taji, ngaing rék ngaranan lembur ieu Lawan Taji”.
Radén Kéan Santang masih panasaran, bet manéhna ngajakan duél (gelut) ka ieu pamuda.
“Ngaing kajeu éléh tina ngadu hayam, tapi ngaing moal éléh ngadu élmu jeung dia, hayu gelar (gelut) jeung ngaing dia didieu kuwari”
“Radén lainna kuring teu wani ngalawan radén, tapi kuring mah mah can pantes ngalawan radén anu pang gagahna di tatar sunda, tapi kuring nyaho saha nu pantes ngalawan radén” walerna si Gamlok.
 “Saha éta?” tempas Kéan Santang.
“Anjeunna aya di tatar nu jauh ti dieu, tempat di Arab, jenenganana Syekh Ali” ceuk Gamlok.
Sanggeus éta, Radén Kéan Santang bet tatahar, tur angkat ka arab. Saanjogna diditu (Arab) manéhna papanggih jeung hiji aki – aki, tuluy ditanya.
 “Sampurasun, aki ngaing rék nanya ari anu ngaranna Syekh Ali nu mana?”
“Wa alaikum salam, aya priyogi naon sareng anjeunna?” waler si aki.
“Ngaing rék nangtangan manéhna gelut jeung ngaing”. ceuk Kéan Santang.
 Kebat si aki éta ngaragragkeun iteukna sabari ngomong.
“jang, coba pang nyandakeun iteuk aki”.
Kebat Kian Santang nyumponan éta, nalika rék di angkat éta iteuk téh teu bisa ka angkat saeutik ku Kéan Santang, nepi ka Kéan Santang ngaluarkeun kabéh tanagana, tapi teu ka angkat – angkat si éta iteuk téh. Kéan Santang anéh jeung teu seubeuh melengek.
“Ari aki téh saha sabenerna?” tanya Kéian Santang.
“Manéh rék ka panggih jeung nangtang Syekh Ali kapan, tong boring ngéléhkeunna, ngangkat iteukna baé teu bisa, kumaha rék ngéléhkeunna?” waler si aki.
“jadi aki téh Syeh Ali, hampura aki kuring geus sombong” waler Kéan Santang nyungsrungkeun manéh sujud ka si aki (Syekh Ali).
Ti harita Kéan Santang ménta di ajar ka Syekh Ali, kebat anjeunna asup Islam. Nalika Kéan Santang asup islam anjeunna ngaliwatan dua tahap nyaéta maca Syahadat, jeung di sopak lodong (sunatan / khitan). Sanggeus éta manéhna di ajar deui neuleuman élmu kaislaman. Nepi ka hiji mangsa manéhna rék mawa ajaran islam ka tatar sunda.
Kéan Santang nyuhunkeun widi ka Syekh Ali badé mulang deui ka padjadjaran pikeun nyebarkeun ajaran islam. Saanjogna di padjadjaran manéhna ngawitan nyebarkeun islam ti kulon ka wétan, ti kidul ka kalér. Nepikeun ka hiji mangsa manéhna anjog deui ka tempat nu ku anjeunna di aranan Lawan Taji. Manéhna ngabéwarakeun dialun – alun éta tempat, ngenaan ajaran islam.
Loba pisan warga lawan taji nu hayang asup islam. Kéan Santang kacida bungahna nempo lobana jalma nu hayang neuleuman islam.
“Lamun arandia hayang asup islam, arandika kudu ngalakonan dua syarat, nu kahiji kudu maca dua kalimah syahadat, nu kadua kudu di sopak lodong (sunatan / khitan)” ceuk Kéan Santang.
“Nu kumaha ari dua kalimah syahat téh radén?” ceuk hiji warga.
“Kieu ASYHADU ALA ILAAHA ILALLAH WA ASYHADU ANNA MUHAMMADARROSULULLAH” ceuk Kéan Santang.
Kebat sakabéh warga ngalakonan dua syarat éta, tapi nalika para warga ngalakonan syarat nu kadua, loba warga anu pararaéh, lantaran Kéan Santang acan diajar cara ngakhitan nu bener. Manéhna bingung, nyesel, jeung kaduhung.
Sanggeus kajadian éta Kéan Santang balik deui ka Arab keur diajar nyunatan ka Syekh Ali. Di arab Kéan Santang getol diajar jeung neuleuman élmu nyunatan. Nepi ka hiji mangsa manéhna balik deui ka padjadjaran.
Hiji poé manéhna anjog deui ka Lawan taji pikeun ngaréngsékeun syarat nu kadua nyaéta nyunatan warga nu aya di lembur éta. Nalika manéhna datang sakabéh warga sarieuneun, teu saeutik warga nu milih kabur lantaran sieun maot gara – gara di sunatan ku Kéan Santang.
“Jeung naon di sopak lodong lamun ujung – ujungna bakal maot mah, mending kuring pindah ka gunung, daripada kudu di sopak lodong!!” ceuk sababaraha warga.
Sabaraha warga éta milih ninggalkeun éta lembur tur pindah ka gunung, bakat ku sieun – sieunna di sunatan, tapi aya ogé warga anu milih cicing tur daék di sunatan ku Kéan Santang.
Sanggeus éta Kéan Santang nyieun hiji bénténg pang wates antara wewengkon nu nurut ka manéhna jeung nu ingkar ka manéhna (ayeuna mah dikenal Baduy). Bénténg éta disebat Ténjoléat ( ayeuna mah geus jadi gunung disebat gunung Ténjoléat ) tur nyirian bénténg éta ku tapak sukuna. Kebat ngaganti ngaran lembur éta jadi Lawang Taji.
*** TAMAT ***