Aki jeung Rancatan*
Ku Muhamad
Kusaéri**
Geus
teu maliré deui kacapé, geus teu mikirkeun deui kalungsé. Saban poé udar-ider
mapay jalan kota Bandung. Leuheung mun léngoh mah, ieu mah bari nananggung
rancatan nu rantuy ku barang-barang kualinan barudak. Sapanjang jalan leumpang
bari jeung teu disendal. Dampalna geus baal ku panasna aspal, gigir-gigirna gé
geus bareulah bakating saban poé nahan panasna aspal nu tingjeletot. Kulitna gé
geus asak kapoé. Awakna geus tinggal kulit jeung tulang nu ngan disimutan ku
lawon ipis nu geus pinuh ku daki. Dicalana
pangsi sontog hideung nu geus saroék belah tuurna. Leuheung mun ngora
kénéh mah, ieu mah geus tunggang gunung. Tapi sumangetna teu eureun ngagedoran,
éta sakabéhna téh keur ngahirupan incuna nu geus lila ditinggalkeun maot ku
indung bapana. Leuheung mun icuna waluya mah, ieu mah geringan baé, barijeung sakapeung
sok gogoakan, jejeritan jeung kokosodan teu puguh-puguh, meureum gagara sawan
kénéh, lamun kaingetan ka indung bapana nu maot katabrak karéta api, basa keur
mulungan rorongsokan.
Aki
Karya ngaranna, geus leuwih ti dua puluh lima taun udar-ider ngurilingan kota
Bandung ngadangkeun barang-barang kaulinan barudak. Aya kakapalan, kukudaan,
tarompét, momobilan, totoroktokan, kokolécéran jeung nu séjénna nu dijieun tina
awi jeung kai saayana. Barang-barang kaulinan nu didagangkeunna meunang nyieun
Aki Karya sorangan. Da lamun kudu meuli heula mah Aki Karya teu mampuh. Tong
boro keur meuli barang kaulinan keur dahar sapopoé gé seuseut. Imah gé Aki
Karya mah teu boga. Tempat saré, jeung titirahna téh ngan saukur kamar leutik
nu napel jeung Masigit.
Janari
gedé Aki Karya mah geus hudang, nataharkeun barang-barang kaulinan nu rék
didagangkeun isukna. Tuluy nyapuan samak, sajadah, jeung karpét di Masigit keur
solat subuh jamaah warga. Sabari nungguan waktu adan Aki Karya mah sok
sosolawatan. Galindeng sorana nu has
ngahudang warna nu tibra.
“Illahilasturil firdo si’ala wala atwa ala
naril jahimi fahab li taubatan wagfir dzunubi fa inna kagofiru naril adzimi.
Aduh Gusti abdi sanés ahli sorga, namung henteu kiat nahan panas naraka, mugi
gusti kersa maparinan tobat, ngahampura dosa abdi anu lepat” Sosolawatan
Aki Karya nu saban méméh adan subuh sok dilanggamkeu.
Ngong.
Sora adan subuh. Sakapeung mah nu adan téh sok ku Aki Karya adan téh tapi
harita mah nu adan téh Santrina Haji Badru, nu sok maturan Aki Karya unggal
subuh. Ku Aki Karya gé geus diaku anakna. Lamun geus réngsé solat subuh jamaah,
Aki Karya buburu nempoan deui incuna geus nyaring atawa acan. Tuluy gancang
naheur cai jeung ngahaneutkeun sangu kamari pamaré tatanggana. Lain keur dahar
manéhna tapi keur nyarap incuna. Méméh indit dagang Aki Karya naguapan heula
incuna, keun teuing beutangna mah lapar nu penting incuna manggih dahar. Aki
Karya nyarapna ngan ukur nginum sai haneut sagelas.
Wanci
carangcang tihang Aki Karya indit bari nanggung rancatan nu rantuy ku
barang-barang kaulinan. Pamit ka incuna bari ménta piduana mugia payu jeung
balik bisa mawa sangu keur dahar.
“Kasép,
Aki mangkat hela nyah. Dungakeun aki mugia kenging rizki ogé salamet uihna”
pokna bari imut ka incuna. Sok sanajan incuna ngan ukur bisa curiralang-curileung
alatan sawan kénéh meureun.
Sapanjang
jalan Aki Karya nanawarkeun ka unggal budak. Tapi hiji gé euweuh nu maliré,
kalah ngadon ngaléléwé. Aki Karya tara ngambek najan mindeng dihina, manéhna
ngan sakur ngusap dada. Da manéhna percaya yén Gusti Allah Maha Uninga.
Sagalana nu karandapan ku manéhna pasti aya hikmahna.
“Aki!
Aki! Kadieu! Abi badé mésér” Ti kajauhan aya budak ngageroan.
“Sakedap
kasép” Aki Karya néangkeun bari bungah.
Barang
geus disampeurkeun, éta budak kalah lumpat ngajauhan. Pokna teu jadi meulina da
bongan Si Akina lila teuing leumpangna. Atuh da ngaranna gé aki-aki geus kolot,
ngaléngkah gé geus beurat komo lumpat. Aki Karya tuluy nurunkeun ranctanna.
Gék, diuk bari gegeber ngipasan beuheung ku carécétna. Sakapeung mah carécét
téh dipaké nyusutan késangna. Ti kajauhan aya budak nu nyampeurkeun. Barang
nepi, si budak tuluy nanya ka Aki Karya.
“Aki
aya balon teu?” Tanya si Budak, nempoan dagangan Aki Karya
“Deudeuh
teuing kasép balon mah teu aya, niupna gé aki mah teu kawasa, ripuh teuing da
kedah nganggo tanaga, geus teu kiat da aki mah geus kakolotan. Nu sanés wéh
kasép” Témbal Aki Karya bari imut.
“Teu janten atuh ki” Pokna bari
ngabalieur.
“Kasép, tingali heula atuh barang aki,
yeuh ieu kokolécéran, lamun muter ku angina téh resep pisan, komo mun bari
ameng lulumpatan” Ceuk Aki Karya bari teu weléh nawaran ka éta Budak.
“Alim ah aki, da abi mah hoyong balon”
pokna bari keukeuh.
Aki
Karya teu loba maksa. Gék, diuk deui bari nyusat késangna nu teu eureun
ngulucur bakat ka panasan. Teu karasa wanci téh manceran, geus wayahna solat
lohor. Si Aki buburu nanggung deui rancatanna, tuluy muru ka Masigit. Heup. Ditunda
si rancatan téh di hareup Masigit. Sakebel Aki Karya solat lohor, barang-barang
kaulinan nu ditunda dina rancatan téh laleungitan teuing kamana. Nu nyésa ngan sakur
rancatan jeung panangguna. Aki Karya ukur bisa ngenclakeun cimata jeung istigfar.
“Gusti,
mugia Anjeun maparin gagantina, jeung mugia Anjeun ngahampura saha baé nu geus
ngalakukeunana. Amin” ceuk Aki Karya bari tanggah ngadu’a ka Gusti Alloh nu
Maha Uninga.
Aki
Karya balik ka pamatuhanna bari nananggung rancatan kosong. Sapajang jalan nu
kaingetan ngan incuna. Sieun poé ayeuna teu manggih dahar. Di tengah jalan nempo
hiji pagawé réstoran keur miceunan
sésa-sésa sangu urut dahar batur. Bari nahan isin Aki Karya nyampeurkeun éta
pagawé keur ménta saeutik sésa-sésa sanguna.
“Punten
kasép, wios teu aki nyuhunkeun éta sanguna? Lebar lamun dipiceun mah” Ceuk Aki
Karya bari teu weéh imut.
“Mangga
aki, tapi ieu mah tilas batur. Wios?” Témbal éta pagawé.
“Teu
sawios kasép, nu penting mah halal”
Tuluy
dibungkus ku Aki Karya éta sangu kana kérésék hideung nu tadi rék dipaké wadah
artos hasil dagang. Teu téga sigana mah pagawé téh, kebat buburu ka jero.
“Aki
antosan sakedap nyah” Ceuk éta pagawé nu teu téga ka Aki Karya
Barang
kaluar si pagawé téh mamawa bungkusan, nu tuluy dibikeun ka Aki Karya. Maniapa
bungahna Aki Karya narima éta bungkusan téh. Nepi ka sujud-sujud bari jeung teu
eureun ngucapkeun nuhun ka éta pagawé téh.
Ayeuna
mah balik gé asa teu léngoh teuing. Aki Karya néréhkeun leumpangna, hayang
geura-geura mikeun hasil tina késangna. Saanjogna di pamatuhanna Aki Karya
buburu ngahudangkeun incu nu keur saré, tuluy ngahuapan incu.
“Mun teu émut kana qodar, tinangtos ana téh
sadar, anu kasép masing kasobar, émutkeun nasib jeung qodar. Sagala gé asal
keur Kasép, kajeun Aki mah daharna ngan ukur jeung cangkaruk gé, asal Kasép
bisa dahar jeung sangu haneut” ceuk
si Aki nu ceurik bari ngahuapan incuna.
Négla, Désémber 2014
*) diadaptasi tina Sajak “Aki jeung Balon” Karya Ami
Raksanagara
**) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI
Tidak ada komentar:
Posting Komentar