Maung Hideung

Ku : Muhamad Kusaeri*

Jelegér!!!!!!! harita hujan guludug dordar gelap, kuring nu keur nyumput sapurungkut didapeun dipan. Kérékééék. Kadéngé sora panto dibuka. Katempo saurang pamuda nu nangtung bari hahéhoh kacapéan. Kuring buburu néangkeun éta pamuda tuluy nangkeup manéhna ti tukang.
“Kang Indra, Surya sieun kang”
“Tenang, kapan akang aya di dieu, salila aya akang, Surya moal kunanaon” tembalna bari imeut ka kuring.
Kang Indra mémang hiji-hijina lanceuk sakaligus kaluarga kuring nu pangdipikanyaahna ku kuring. Ngan kang Indra aya nalika kuring meunang ka susah. Ngan kang Indra nu tara ngangluh dina ngadidik kuring, sok sanajan kuring ogo jeung baong kacida. Tapi poé harita akang téh asa béda. Beungeutna siga nu kasieunan jeung capéna téh siga nu geus diudag-udag ku batur. Keudeung-keudeung Kang Indra téh noong kana bilik kaluar. Teuing noongan saha. Kuring réng nanyana gé teu paruguh da kang Indra bangun rarusuh. Ujug-ujug Kang Indra langsung nangkeup kuring bari ngaharéwos Ati tong sieun buah, mending urang kulem tos wengi. Nurut wé ku mah, langsung saré teu mikir nanaon deui.
Barang lilir isukna, Kang Indra geus euweuh. Digeroan gé teu némbalan-némbalan. Tuluy kuring nunutur kaluar imah bari ngagorowok "Kang Indra!!!!!!". Éta terahir kuring jeung lanceuk nu pangdipikasonona ayeuna. Teuing dimana ayana Kang Indra ayeuna, tapi kuring yakin jaga bakal panggih deui jeung manéhna. Nu pasti mun engké panggih kuring rék ngomong ka Kang Indra yeuh Kang kuring geus jadi pulisi nu baheula dicita-citakeun.
Tenget baé kana omongan lanceuk, lamun jadi pulisi kudu bener-bener jadi penegak kaadilan, ulah pilih kasih, ulah gampang kagoda ku barang-barang nu matak jadi cilaka. Sanajan lanceuk sorangan nu ngalakukeun kajahatan gé Ayi ulah asa-asa dina nindakna. Dina saban tugas nagara kuring pageuh kana éta omongan. Unggal tugas kuring bisa ngaréngsékeun kalayan sampurna. Ti mimiti tugas néwak copét nepi ka jadi pasukan Dénsus 88 néwak para téroris kuring teu weléh suksés dina ngalaksanakeunana.
Népi ka komandan nugaskeun kuring titah néwak gorombolan rampog Maung Hideung nu geus remen diaromongkeun ku masarakat. Sanajan hasil tina ngarampogna sok dibabagikeun ka masarakat miskin, tapi jalan nu dipakéna salah. Kuring atoh pisan basa dibéré éta tugas. Bari nempo ka langit kuring inget ka Kang Indra.
“Kang tingali Ayi jeung doakeun ayi” kereteg dina haté.
Basa tatahar perkara tugas-tugasna nu pingpinan ku komandan, kuring kabagian jadi Divisi Penyergap Garis Depan. Tugas geus dibagi, tatahar gé geus réngsé. Kuring jeung pasukan tuluy muru ka markasna “Maung Hideung”. Teuing ti saha éta nu méré alamat lokasi markasna, nu pasti éta alamat téh meunang tina surat nu ujug-ujug aya di hareup kamar kuring. Pangirimna teu ditulis, tapi kuring nganuhunkeun pisan kana info nu dibéréna. Dina mobil késang panas késang tiis bacucuran, jajantung beuki ratug baé. Komo pas nepi ditempat anu dituju.
Kabéh pasukan tarurun dina mobil, hiji-hiji culcel kalaluar garagah bari nyarekel bedil lengkep. Komandan méré panduan jeung rencana Penyergapan. Kuring jeung pasukan maju bari nuturkeun komando ti komandan. Lalaunan kuring jeung pasukan asup ka leuweung geledegan nu ceuk informasina di jero éta leuweung aya hiji imah nu dijadikeun markas Gerombolan Maung Hideung.
Dina wanci nu masih janari kénéh kuring jeung pasukan geus nyalusur éta leuweung. Ti kajauhan aya hiji imah nu mencil, kabéh pasukan tatahar diposisina séwang-séwangan, tapi barang kuring jeung pasukan geus deukeut, ujug-ujug dordardordar, pasukan diserang déngdéng ku hujan pélor nu tingdardédor. Antukna silih témbak gé teu bisa katahan. Pasukan pulisi loba gugur, nu nyésa ngan tilu urang, kuring, komandan jeung Dalka.
            Rep. Sora gandéng bedil ujug-ujug jempling. Komandan méré kode titah kumpul. Barang keur ngariung, aya sakolébat kalangkang jelema nu ngaliwat. Si Dalka langsung nguber éta kalangkang téh. teu kungsi lila éta si Dalka balik deui mawa hiji pamuda, sigana mah anggota ti Gerombolan Maung Hideung. Mimiti mah beungeutna teu pati kaciri, tapi barang diteges-teges sing horéng éta pamuda téh si Obih babaturan leutik kuring.
            “Obih! Kunaon manéh jadi anggota Gerombolan Kriminal Maung Hideung?” kuring reuwas bari ngajenghok.
            “Surya, meureun ceuk manéh wéh pulisi ieu gerombolan téh kriminal, tapi ceuk aing jeung masarakat miskin mah naon nu dilakukeun ku ieu gerombolan téh mangrupa pajoangan hak hirup masarakat leutik” témbalna bari teges.
            “Tapi ieu ngalanggar hokum!” Komandan ngilu némbal.
            “Para Pulisi, naha salah lamun jelema leutik nyokot hakna nu ngan duit récéh ti jelema gedé nu saban poé ngahakanan duit rahayat? Aing mah nu ngan nyokot duit récéh dianggap téroris, dihukum mati, tapi kunaon jelema gedé nu ngahakan duit nagara ngan ukur dipenjara!”
            “Urang gé teu apal, urang mah ngan ngajalnkeun tugas ku nagara”
            “Heueuh, ceuk maranéh para pulisi, jelema nu ngalanggar hukum disebut runtah, tapi ceuk aing jelema nu teu mikirkeun rahayatna leuwih rendah ti batan runtah!”
            “Gandéng sia!!!!!” témbal Si Dalka bari némbak Si Obih. Jedar!!!!!
            Guprak. Si Ohib ngajoprak hareupeun. Kuring ngajenghok nempo babaturan leutik kuring paéh hareupeun mata sorangan. Bari dibarengan ku émosi kuring ngahajar si Dalka, asal témbak.
            “Anjing! Sia nanaonan, maén asal témbak baé”
            “Héh jelema kitu mah pantes dipaéhan!”
            Méhméhan kuring jeung si Dalka silih teunggeul, tapi umtung aya komandan nu langsung misahkeun. Sanggeus dibéré papatah ku komandan kuring bisa rada nahan émosi jeung ngalanjutkeun misi néwak pingpinan Gerombolan Maung Hideung.
            Di hareupeun imah kuring mencar keur ngepung éta imah, kuring ka belah pipir komandan liwat panto hareup jeung Si Dalka ngajagaan di luar. Di jero imah kaayaan poék, di dinya aya sabaraha rohangan, unggal rohangan ku kuring dipariksa. Imahna mah teu pati gedé ngan kuring ngarasa anéh naha bet can amprok jeung komandan.  Kadéngé di rohangan ujung aya sora témbakan. Kuring buburu muru ka éta rohangan.
            Barang dibuka pantone, maniapa reuwasna kuring nempo getih nu ngayapak di tengah-tengahna aya komandan nu geus ngajoprak dikeyembengan ku getih, di juru aya Si Dalka nu nyekelan sukuna nu katémbak.
“Dalka kunaon manéh aya di dieu, kapan manéh tugasna jaga di luar! Terus komandan…….” Bari nulungan Si Dalka nu katembak.
“Geus ulah loba nanya, sing waspada pingpinan Maung Hideung aya di dieu!”  sabari nahan nyeri nu katembakna.
“Oh, pasukan kacung nu séjénna geus datang horéngan.” Ceuk hiji sora di tukangeun korsi nu diéntépkeun jadi hahalangna.
Ti tukang éta korsi kaluar hiji pamuda maké kedok hideung. Lalaunan éta pamuda néangkeun kuring jeung Si Dalka. Kuring gé leumpang nyampeurkeun manéhna bari ngangkat péstol.  
“Ieu tempat geus dikepung, mending gé manéh geura narah ti paéh” bari tuur mah noroktok antara wani jeung sieun.
“Oh, kitu. Lainna saria nu geus ka kepung ku pasukan aing? Hahahaha” Témbal éta pamuda bari seuri.
Keur silih paadu omangan, teu kanyahoan di tukangeun kuring Si Dalka ngangkat péstolna rék némbak kuring. Tapi barang éta rék ditémbakeun ka kuring, ujug-ujug éta pamuda, ngahalingkeun kuring ngahalangan pelor nu ngarah ka kuring ku awak sabari némbakeun péstolna ka Si Dalka. Saduana ngajoprak, kuring hemen mikiran kunaon ujug-ujug éta pamuda nu tadina ngahina ka kuring, kalah nulungan kuring. Bakating ku panasaran kuring muka kedok éta pamuda. Ari barang dibukakeun, éta pamuda téh sing horéng lanceuk kuring nu geus mangtaun-taun papisah jeung kuring Kang Indra.
“Kang! Kunaon akang jadi kieu kang?” bari nahan cimata, kuring ngageugeuingkeun awak Kang Indra nu ngalempréh.
“Ayi, gening ayeuna mah ayi téh geus gedé. Geus jadi pulisi enyaan.” Sabari imeut ka kuring.
“Kunaon akang harita ngaleungit ujug-ujug kang?”
“Sangkan Ayi teu pipilueun siga akang. Akang hayang Ayi milih jalan anu hade dina ngaraharjakeun rahayat leutik siga Akang. Akang kieu alatan akang geus teu percaya deui ka pamaréntah, ngan saukur jangji-jangji ngaraharjakeun, tapi antukna ngan mentingkeun dirina sorangan. Harta meunang malingna hayang dijaga, tapi rahayatna disangsarakeun, diantepkeun nalangsa katalngsara. Akang keuheul, akang bendu, akang ngéwa ka pamingpin kitu. Uhukuhuk.” Témbalna sabari nahan nyeri urut témbakan.
“Tapi cara akang salah”
“Akang, mindeng ngabohongan ka ayi sangkan ayi bisa hirup siga babaturan ayi, padahal harita akang geus jadi buronan pulisi”
“Kang?” cimata antukna ngeclak, nu teu kuat nahan kasedih.
“Ayi teu kudu ngahampura akang. Ayi kudu bisa jadi jalama nu bisa mawa parobahan, nu bisa ngaraharakeun rahayat, mantuan rahayat dina kasusahna. Tapi naon waé gé nu bakal dilakukeun ku ayi ayeuna jeung jaga, Akang bakal tetep nyaah ka Ayi…. Sang Pahlawan” pokna sabari imut ka kuring.
Laun-laun napasna eureun, leungeunna ngulapés, matana gé saeutik-saeutik nutup. Kuring teu walakaya ngan bisa ngilu ngalempréh hareupeun layonna.

Négla, Méi 2015
*) Mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung
Nama                                      : Muhamad Kusaeri
NIM                                        : 1303552
Kelas                                       : 4-A
Nomor Kontak                      : 085770328786
E-mail                                     : m.kusaeri95@gmail.com