Layung Panungtungan




Ku Muhamad Kusaéri


Carangcang tihang urang ngamimitian
Saban léngkah urang ngaliwatan wanci-wanci kahirupan
Urang sok teu sadar yén dina unggal léngkah
Ni’mat Gusti téh marengan

Mohokeun bayah nu teu eureun ngambekan
Mohokeun suku nu mantuan ngaléngkah
Létah nu satia maréngan nyarita
Jeung sakabéh nu napel na waruga
           
Kiwari wanci geus nepi ka tunggang gunung
            Srangéngé geus téréh reureuh
            Sariak layung geus gugupay
            Ngadagoan srangéngé di sareupna

Négla, 20 Désémber 2014