Birarungan




 

Ku Muhamad Kusaeri*

B
eurang nu panas ngentab, nalika panonpoé keur moncorong, Si Naruto keur leumpang di hiji kampung di pajajaran. Beuteungna kukurubukan, tikoro hanaang, hayangeun geura ngawadang. Geus sajauh-jauh mapai jalan, meuntas walungan, liliwatan pasawahan henteu manggih-manggih dahareun baé. Tepikeun ka si Naruto téh rék pingsan bakating ku lapar. Guprak....
            “Haruh, beuteung geus ngaguruh, teu kuat hayang dahar, aduh..” ceuk Si Naruto.
            Leungeun sabeulah nyekel beuteung, sabeulah deui ngagebugan taneuh, bari udat-adat teu puguh. Nalika leungeun rumpa-rampa kacabak hiji tutumwuhan nu jiga areuy, keur nenggel éta tumwuhan keur buahan, teu mikir panjang tuluy didahar éta buahna téh.
            Keur ngeunah-ngeunahna ngadahar buah, kadéngé sora kokorosakan di sabeulah. Ah boroning madulikeun nu kararitu ari keur lapar mah, hayoh wéh anteng bakbek ngadaharan. Barang  rék ngahuapkeun buah nu pandeuri aya nu ngagareuwahkeun.
            “Heuy saha dia? Wawanianan ngadahar birarungan dikebon aing” bari ngangkat bedogna
            “Uing Uzumaki Naruto, ninja ti Konoha nu ka wéntar dimana-mana” Tembal Si Naruto.
            Aing Cépot jawara dilembur ieu! Weuh kapaur dia, maok bubuahan dikebon aing! Geus sebeuh hirup?!”
            “ Eits, ké hélanan ieu. Saha euy nu maok téh?”
            “Ai silaing tong api-api teu nyaho lah!”
            Si Cépot jeung Naruto tuluy paadu omong. Euweuh hiji gé anu ngéléhan. Duanana ngarasa nu pangbenerna. Hayoh wéh tuluy pacékcok madungdeungkeun birarungan. Beuki dieu beuki panas. Si Cépot beuki keuheul. Naruto beuki maceuh. Nepikeun ka duanana émosi tuluy garelut.
            “Tampolong kaléng belut ditalian, tong ngomong gandéng gelut sakalian” ceuk Si Cépot bari ngasongkeun bedogna.
            “Lauk bawal dina tali, sia ngajual, ku uing dibeuli!”
            Tréng..... Tréng..... Sora kunai jeung bedog nu silih diadu.  Si Cépot ngaluarkeun kabéh élmuna jang ngéléhkeun  Si Naruto. Teu béda jeung Si Naruto gé enya-enya ngalawananana.
             Hujan dordar gelap maturan maranéhanana nu keur garelut. Angin muir ngabaladah sakabéh nu aya disabundeureunna. Kebon geus jiga stadion. Bakating ku dahsatna élmu  maranéhna.
            Fuuton Rasen Shuriken!” Si Naruto ngaluarkeun jurusna.
            “Dampal suku ngabatu datar, bitis ngabatu wilis, nyurup ka badana, nyurup ka sumsumna, getih sabadan, bedas ngala ka aki” Si Cépot ngalawan ku ajian kabedasanna.
            Sakabéh jurus jeung ajian geus dikaluarkeun ku duanana. Shuriken jeung kujang silih dibalangkeun. Kakarak Si Naruto rék ngaluarkeun jurus pamungkasna andelanana, manéhna nénjo ti langit aya jirim jangkung badag nu mamawa siwur, tuluy ngaguyurkeun cai ka manéhna. Sebrtot....
            “Hudang!! Ari manéh geus beurang ieu téh, geura paraban itu entog!” ceuk emana.
Celetuk dina haté Si Naruto “Euh aing mah teu balég. Hanas keur ngaluarkeun jurus Rasen Shuriken, horénganan téh ngimpi euy.”
            “Enya, ké kedap Ma” ceuk Naruto bari gigisik.
***
Geger Arum,  Desember 2013
*) Muhamad Kusaeri Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI