Lilir Deui

Ku Muhamad Kusaéri

Harita peuting bulan keur pinuh, Si Ubéd jeung Mang Sarmili keur nagog sisi walungan bari anteng nyekelan jeujeur useup nu keur manteng di cai. Sakapeung mah si useup nu di tengah sok rada dibetotan ka sisi, tujuanna mah ambéh si lauk téh ka irut. Treeet. Useup diangkat, tuluy diganti eupanna, bat dialungkeun deui. Hayoh wéh kitu jeung kitu tapi hiji gé laukna euweuh nu nyaplok eupan Si Ubéd jeung Mang Sarmili.
Geus aya meureun nepi ka dua jam mah maranéhna carindekul téh. Tapi masih kénéh can beubeunangan lauk hijihiji acan. Beuki dieu beuki kesel, lain mah lauk nu nyaraplok eupan kalakah awak digembrong ku reungit. Antukana mah Mang Sarmili ngaluarkeun jangjawokanna.
“Sernud-sernur kenur sanur, eundeuk-eundeuk umbul-umbul, séot gerenyeud banyu obyég, duldel pamecatan ti ratu siul, kocopok-kocopok géhgér giriwil, ah-sir-hung, ya akung ratu jelér” Mang Sarmili ngomong tapi sorana lalaunan, tuluy nyiduhan eupan nu geus dikaitkeun kana useupna. Bhuah.
Lung, useup dialungkeun deui ka cai. Teu kungsi lila eupan Mang Sarmili jadi siringan. Sakeudeung–sakeudeung narik, sakeudeungsakeudeung narik. Bes, bes, lauk nu laleutik mah diasup-asupkeun kana kempis, nu rada badag mah ditiiran maké jukut jajagoan, ambéh babari diurusan ku papajikanna. Nempo Mang Sarmili nguseupna siringan Si Ubéd ngarasa anéh. Kunaon ujug-ujug Mang Sarmili jadi téréh meunang laukna. Padahal mah tadi téh asa teu narik-narik jeujeurna téh. Si Ubéd ngahuleng bari nempokeun Mang Sarmili nu hayoh narikkan useupna.
“Kunaon Céng Ubéd? Tatadi ngadon molohokan Mamang baé?” Tanya Mang Sarmili bari rada seuri leutik.
“Nya teu seubeuh melengek wéh ka Mamang, asa aya nu anéh. Nu Mamang mah hayoh baé meunang, naha ari kami teudeuk narik baé?” Témbal Si Ubéd bari gagaro kana sirah.
“Ah éta mah rarasaan Céng Ubéd baé” Ceuk Mang Sarmili bari nahan seuri.
Si Ubéd beuki panasaran. Halisna ngerung bari mikiran kuanaon éta Mang Sarmili nguseupna jadi ujug-ujug siringan. beuki peuting, angin nu ngahéos beuki tiis langit nu tadina rénclang ku béntang robah jadi ceuduem. Si Ubéd mah gancang ngabéréskeun useupna, tuluy balik ti heula ka imahna, da sieunna kaburu hujan. Tapi Mang Sarmili mah anteng kénéh baé, da bakating ku mindengna meunang, teu mikiran kaayaan peuting harita nu rék hujan.
“Mang kami ti heula nyah, geus ceudeum. Bisi kaburu hujan” Ceuk Si Samid bari ngucap salam.
“Mangga Céng. Kumsalam” Ceuk Mang Sarmili nu anteng kénéh bari nempokeun congo jeujeurna.
Jelegér. Sora guludug jeung gelap nu ting baranyay. Mang Sarmili angger baé teu maliré guludug nu ting dordar, jeung gelap nu ting baranyay. Nepi ka antukna aya gelap ngajelegér, ngabéntar Mang Sarmili nu keur ngeupanan useupna. Jedar. Mang Sarmili tuluy ngajoprak harita kénéh.
Isukna Si Ubéd indit ka walungan niatna mah rék néangkeun antang manéhna nu kamari sore ditagenkeun. Maniapa reuwasna Si Ubéd pas nepi ka walungan manggih Mang Sarmili geus jengker sisi walungan. Digeuing-geuingkeun gé Mang Sarmili geus teu usik deui. Hawaning ku geumpeur Si Ubéd buburu lumpat ka Imahna Mang Sarmili Ngabéjaan anak pamajikanna yén Mang Sarmili geus maot. Maitna kapanggih di sisi walungan. Salembur jadi éar, méh kabéh ngaromongkeun Mang Sarmili nu maotna teu kanyahoan sabab musababna. Da basa ditilik-tilik ku pulisi gé euweuh tanda-tanda dipaéhan batur.
*
Koréjat. Mang Sarmili hudang, manéhna hemeng, pelang-pelong nempoan sabudeureunna. Nu katempo téh asa béda ceuk pikir manéhna harita. Nu kainget ku manéhna mah manéhna téh keur nguseup di walungan. Tapi kunaon ujug-ujug lilir aya ditempat nu ahéng. Nu kasampak ku manéhna di dinya téh réa jelema tapi rupa-rupa kaayaanna. Aya nu keur diteunggeulan, aya nu keur ngorondang bari ditumpakan ku nu siga jelema tapi aya tandukan jeung matana ngan aya hiji di tengah, aya nu keur dirérab baé, aya ogé  diuk ngajéngjéhé bari loba nu méré dahareun. Pangpangna mah di éta tempat téh aya jelema nu bungah jeung aya jelema nu susah.
Mang Sarmili nempo saban jalma téh laleumpang nuturkeun jalan satapak nu arahna ka hiji panto anu dijieunna tina emas. Bakating ku herangna éta panto emas sérabna téh nepi ka jarak anu jauh. Mang Sarmili nuturkeun jalma-jalma nu laleumpang ka arah éta panto bari tuluy merhatikeun polah unggal jalma nu béda-béda. Manéhna teu bisa ngomong nanaon ngan bisa olohok bari bingung. Alatan aya jalma nu leumpangna ku sirahna, aya nu ku leungeungnna jeung aya nu ku sukuna.
Antukna Mang Sarmili jeung jalma-jalma tadi téh nepi ka hareup éta panto emas. Hiji dina unggal jalma ditanyaan ku hiji cahya nu caangna matak nyérabkeun mata. Teuing naon nu ditanyakeunna mah ka unggal jalma téh. Ngan unggal jalma téh pas rék asup ka jero téh ruparupa cara diasupkeunna. Aya nu ditajong, aya nu disuntrungkeun, jeung aya ogé nu disumanggakeun bari paying ku widadari. Ari barang Mang Sarmili, ujug-ujug ditahan ku éta cahya téh, dipahing asup ka jero.
“Eup! Rék naon sia aya di ieu tempat?” Tanya éta Cahya bari nutup jalanna ku gegendir.
“Naha kunaon?” Tembal Mang Sarmili.
“Can mangsana sia anjog ka ieu tempat! Geura balik ka alam sia!” bari semu ambek.
Mang Sarmili kalah beuki bingung, manéhna ngahuleng. Datang ka éta tempat gé teu apal jugjugananna, ujug-ujug titah balik. Kumaha balikna? pikirna harita. Mang Sarmili tuluy nempoan ka sakurilingeunna, da euweuh jalan balik. Nu katempo ngan keusik nu nganpar sapanjang tegal. Brang malik ka tukang Mang Sarmili nempo jelema ngaleut laleumpang ka arah manéhna nangtung. Sakebel nukang, Cahya nu ngajaga panto  ngangkat gegendirna tuluy digendirkeun ka Mang Sarmili, nepi ka Mang Sarmili ngacleng, jauh pisan. Mang Sarmili ngan ngan bisa ngagorowok Aaaaaaa, bari jeung mikiran rék nepi ka mana manéhna ngaclengna téh?
**
            Di imahna pamajikan jeung anakna keur careurik baé hareupeun layon Mang Sarmili nu geus dibungkus ku boéh. Sanggeus réngsé diajikeun jeung disolatkeun, layon Mang Sarmili diasupkeun kana pasaran, tuluy dibawa ka pajaratan. Tetengger geus disiapkeun, kekembangan, jeung padung paranti hahalang mayit saméméh diruang ku taneuh geus ngéntép rapih gigireun liang kuburna. Rombongan nu nganteurkeun Mang Sarmili  geus nepi ka hareupeun liang kuburanna.
Heup. Lalaunan parasan diturunkeun, tuluy dibuka. Anakna, dulur misanna kubur jeung adina Mang Sarmili caringogo tatahar rék ngangkat mayit keur dibikeun ka nu aya dijero liang kubur. Nu di jero gé geus sadia narima mayit. Tapi, barang éta mayit di rék diangkat, koréjat, si mayit Mang Sarmili téh hudang deui. Atuh maniapa rareuwasna sakabéh nu aya di dinya. Kabéhan langsung carengkat tuluy babrer lalumpatan ninggalkeun pajaratan, iwal ti anak jeung pamajikanna Mang Sarmili nu angger nangtung di dinya téh. pasmonna reuwas tapi semu nu bungah. Ari Mang Sarmili ngadon culak cileuk siga nu kabingungan dina kaayaan nu masih diboéhan. Bet. Pamajikanna muru ngarontok Mang Sarmili nu dituturkeun ku anakna ogé.
“Gusti nuhun tos ngabalikeun deui salaki kuring” ceuk pamajikanna nu nangkeup ka Mang Sarmili sabari ceurik kabungah.
***

Négla, 24 Désémber 2014