Pamali ceuk Urang Sunda

Ku : Muhamad Kusaéri*
Nurutkeun dina http://su.wikipedia.org/wiki/Kabudayaan_Sunda Pamali  mangrupa istilah Basa Sunda pikeun ngagambarkeun norma tradisi lokal. Upama éta norma teu dilaksanakeun, mangka bakal aya balukarna. Dina tradisi filsafat positif, pamali téh disawang teu asup akal, sabab pamali miboga harti nu teu logis. Tapi dina jihat séjén pamali disawang pikeun hiji kaarifan lokal nu sabenerna miboga rasionalitasna sorangan nu aya patalina jeung étika.
Cindekna Pamali téh mangrupa istilah nu dipaké ku urang sunda pikeun mahing atawa ngalarang hiji hal nu teu meunang direumpak, upama direumpak bakal ngabalukarkeun nu hal anu goréng.  Pamali nu remen ka pireng dimanna-mana salah sahijina nya éta budak leutik ulah sok arulin wanci sareupna, sanékala. Cenah saupama direumpak éta pamali téh éta budak bakal diculik ku kelong atawa jurig sandékala. Tujuanana dikitukeun téh sangkan barudak sarieuneun. Tapi meureun tujuan nu sabenerna mah dina éta pamali téh sangkan si budak téh ka marasjid pikeun sholat maghrib jamaah, tibatan arulin diluar, alatan dina wanci sareupna wayahna sholat maghrib. Anapon conto séjénna tina pamali nya éta ieu dihandap :
·         Ulah lila teuing cicing di jamban, bisi téréh kolot awakna tibatan umurna.
  • Ulah sok dahar petis dina waktu peuting, bisi ngabalukarkeun kategeunah hate, jeung lamun ka nu can kawin mah bakal hésé jodo, tapi pikeun nu geus kawin mah bakal paséa waé.
  • Ulah sok  maké baju bari leumpang, bisi naon anu dipikahayang atawa cita-citana teu kalaksana.
  • Ulah cicing dina lawang panto, bisi nongtot jodo atawa hésé meunangkeun jodo.
  • Ulah sok mandi dina waktu beurang, bisi babari kolot.
  • Mun dahar ulah sok bari cemplak, bisi dibaturan ku setan.
  • Ulah maéhan oray hideung, bisi nu bogana datang menta ganti.
  • Ulah sok ngomé béas nu keur ditapian, bisi dijual ku uwa.
  • Ulah sok lalanggiran, bisi ditinggalkeun maot ku kolot.
  • Mun tengah peuting ulah sok gandéng kokolotrakan, bisi aya nu nurutan.
  • Mun tengah poé éréng-éréngan atawa wanci tangangé ulah sok ngalun di walungan, tangari bisi kasantap.
  • Budak leutik ulah sok ngadahar tunggir hayam, bisi engké ditunggiran ku pamajikanna.
  • Ulah miara anjing gigireun imah, bisi malaikat teu bisa ka imah.
  • Mun dahar kudu diséépkeun, sabab lamun henteu séép sok meunangkeun pamajikan atawa salaki anu goréng.
  • Ulah sok ngadurukan kararas, bisi loba leunyay.
  • Ulah sok dahar dina coét, bisi meunangkeun jodona lamun awéwé ka aki-aki,laun lalaki ka nini-nini.
  • Ulak sok dahar dina piring cotak, bisi dihinaan ku batur.
  • Ulah dahar dina ringkok, bisi meunangkeun jodo nu beungeutna dekok siga ringkok.
  • Ulah sok nginum dina tutup térmos, bisi dihinaan ku batur.
Percaya teu percaya éta pamali téh aya dina kahirupan urang sunda ti jaman baheula kénéh nepi ka kiwari. Najan dina jaman kiwari geus rada ka gésér ku modérnisasi nu sagalana kudu bisa dibuktikeun ngaliwatan panalungtikan ilmiah. Éta hal nu nyababkeun loba nonomoan jaman kiwari teu pati wanoh kana pamali, tapi teu saeutik ogé nu nyaho jeung masih percaya kana éta pamali. Éta nu di luhur sababaraha pamali tina sakéan lobana pamali nu aya di tatar Sunda. Najan dihenteu-henteu ogé pamali téh mangrupa hiji bagian tina sajarah kapercayaan urang Sunda anu minangka aturan-aturan, norma-norma, atawa hukum anu aya dina kahirupan urang Sunda.
Kukituna salaku urang sunda geus saéstuna ngajaga, ngamumulé, bari maké éta pamali, sangkan bisa nanjeur jeung dipikawanoh ku anak incu urang jaga. Sabab tujuan tina pamali luhung pisan nya éta pikeun ngatur paripolah jalma sangkan ngalakukeun hal-hal anu hade, nu bisa mangpaat pikeun dirina sorangan ogé teu nyapirakeun hal-hal atawa perkara anu dianggap leutik nu sabenerna bisa ngabalukarkeun kagoréngan.
Rujukan:
*) Mahasiswa Pendidikan Bahasa Daerah UPI Bandung