Hileud Kasur

Ku Muhamad Kusaéri

            Kolotrék, sora tulak panto dibuka. Kadéngé sora léngkah jelema nu leumpang lalaunan. Koréjat Si Samid hudang tuluy muru ka tengah imah. Padahal haté mah sieun, tapi bakating ku panasaran kana éta sora léngkah sieun gé diwani-wanikeun. Lalaunan Si Samid ngintip kana érang-érang kamarna. Katempo aya kalangkang kokolébatan. Atuh puguh wéh Si Samid beuki maruringkak bulu punduk.
            Rék ditéangkeun sieun kumaha onam, da harita keur usum bangsat nu maké péstol, barijeung lamun keur madog kanyahoan téh sok teu asa-asa nu boga imahna sok dipaéhan. Komo kamari téh karak aya kajadian kitu di lemburna. Mana Emana keur ngendong dinu Uwana deuih, Bapa keur liar kénéh, jeung sinarieun wanci kieu can balik kénéh. Haté beuki mangmang, geus teu puguh rarasaan. Nu  nguriling na pikaran Si Samid ngan paéh jeung paéh baé.
            “Podar sigana mah aing yeuh” pikir Si Samid bari nyusutan késang nu teu eureun ngaracak tina beuheungna.
            Haté beuki hariwang, bari teu eureun Si Samid ngintipan tina érang-érang. Diteges-teges mah sigana lain ngan saurang nu asup ka imah téh. Jigana mah aya duaan. Nu hiji mah kalangkangna bangun lalaki, hiji deui siga awéwé sabab kalangkang buukna ngarumbay panjang.
“Lamun éta Ema piraku teu tiung. Kapan Éma mah teu leupas ditiung boh di imah, boh iinditan” pokna bari ngahuleng.
Si Samid neges-neges éta ririga nu ngabeleged téh. Bari teu eureun mikirkeun cara nyampeurkeun éta ririga nu ngabeleged.
            “Ngandel aing rék cicing baé? Paéh mah urusan Alloh, tibatan ngabetem haju tungtungna paéh-paéh kénéh mah, mending disampeurkeun” Kereteg dina haté nu bangun wani, padahal mah masih murungkut.
            Naék deui kana kasur nyokot samping, nu tuluy disapurungkutkeun kana awakna. Si Samid ngawawanikeun sorangan néangkeun ka tengah imah. Krééék, panto kamar dibuka. Si Samid leumpang lalaunan bari nérégtég. Samping dibeungkeut-beungkeut kana sirah siga ninja, unggal manggih juru-juru poék Si Samid ngilu nyumput. Beuki ngadeukeutan ka tengah imah nu ngabeleged hideung beuki kaciri ngan teu pati jelas beungeutna mah, sabab lampu tengah imah, jeung nu séjénna dipareuman, iwal lampu nu hareup wungkul.
             Sakebel Si Samid ngarénghap, éta nu ngabelegedeg téh leungit. Geus wéh éta mah jajantung téh beuki ratug baé. Pikiran beuki kekelebengan ku hariwang. Sieun bisi nu ngabelegeded éta téh, engeheun Si Samid keur ngintip maranéhna, tuluy ngilu nyumput ogé. Lamun nepi katewak, enggeus wéh bakal tinggal ngaran. Tapi mun cicing baé gé, antukna mah bakal kitu. Da ceuk caritaan tatangga Si Ubéd mah bangsat nu ayeuna keur nyieun éar batur salembur téh tara méré hirup ka nu boga imah nu dirampogna.
            Kawani nu tadi geus rada ngaguruh ayeuna merod deui. Si Samid ngahuleng dijuru tembok nu misahkeun tengah imah jeung ruang tamu, bari mikirkeun kumaha carana ngalawanan si ririga nu ngabelegedeg hideung bari can nyaho éta saha.
“Kudu kumaha ieu téh? Paur éta jelema nyahoeun aing téh keur ngintip maranéhna. Teu hayang teung aing kudu paéh ayeuna mah, pan can kungsi ngasaan nu ngaranna kawin” Pikir Si Samid nu bari disimutan ku kasieun.
Dug, dag, pray. Kadéngé sora anu peupeus di kamar Emana. Si Samid langsung ngarencod. Pikirna téh beuki yakin yén éta téh bangsat nu keur jadi omongkeuneun batur salembur. Si Samid beuki teu puguh cicing, tapi awak teu purun ingkah ti éta juru nu poék téh, bakating ku sieunna. Nepi ka teu bisa diusikkeun, karuhan késang mah nu beuki ngurucud baé, ti ujung sirah nepi ka ujung sukuna. Tapi manéhna maksakeun dirina supaya wani ngalawanan kasieunna.
Sing wani ngariung jadi, mangmang nyirlar na ati, isun jati kawani, nyurup kana sumsum, nyerep kana diri, Allahumma wanikeun. Hah!” ceuk Si Samid bari niup dampal leungeunna, tuluy diusapkeun kana beungeutna.
Si Samid tuluy nangtung. Tereleng asup ka dapur nyokot pakarang nu biasana sok ditunda dikolong méja. Bedog geus dikeupeul, teu pikir lila Si Samid langsung muru ka kamar Emana. Méméh muka panto kamar Emana manéhna ngintip heula kana liang konci panto. Nu katempo teu pati jelas, tapi nu pasti éta dijero téh aya dua urang jalma.
Bitis ngabatu wilis, tapak ngabatu datar, nyinglar nu kainggis, bogo napel hulu mengpar, téga lara téga pati. Aaaaaaaaa” Bari ngangkatkeun bedogna, tuluy si panto kamar di tajong.
 Bakating ku tarikna najong, éngsél panto locot tina imahna, panto gé muka. Dina kaayan kamar nu poék, ngan rada kacaangan ku damar nu di juru, deukeut méja rias Emana. Si Samid ngadékan ka dieu ka ditu, méh sakabéh nu aya di kamar. Besrot. Ting salebrot getih. Aaaaaaa, sora jelema nu ngocéak jeung ngajerit alatan keuna ku sabetan bedogna Si Samid. Geus repeh sosoraan tadi, karasa ku Si Samid cai nu ngeyembeng dina sukuna. Barang geus ngarasa aman manéhna buburu nyetrékkeun lampu. Bray. Caang si rohangan téh. barang ditempo si jelema nu geus dikadékanna sing horéng éta téh Bapana sorangan jeung awéwé nu ku manéhna can wawuh. Awakna langsung nérégtég nempo Bapana nu geus lamokot ku getih. Bedog nu tadi dikeupeul baé gé tuluy murag. Bréng. Manéhna ngan bisa ngalungsé teu walakaya, geus teu puguh kudu kumaha, ngan ukur bisa ceurik digigir mayit Bapana.
***
Négla, 20 Désémber 2014