Barang-barang Dagangeun Kami

Iket Lomar

 Samping Motif Bilik

 Samping Motif Merak

 Samping Motif Kembang

 Samping Motif Kerep

 Samping Motif Kupu-kupu

 Samping Motif Tapak Kebo
Kameja Batik


Celempung tunggal

Aksesoris Geulang

Kampret + Pangsi (bodas tulang) tenun

Karinding

Koja Baduy


Celempung Renteng

Tukung khas Baduy

             Tersedia juga berbagai model dan produk lainnya, seperti Pin Kujang Kuningan, Iket Telekung Tenun, Samping Tenun Aros, Plakat, dll.

Untuk Pemesanan Hub. 0857-7032-8786   PIN : 55429D53  Line ID : kusaeri95
Read More

Sajak Desember 2014

Japati

Muhamad Kusaeri
Paripaos indung piyik
Kapiati siang wengi
Ti jauh asa nu lindeuk
Mun deukeut teu daék adek

Jujap-jajap mamawa surat
Ngébréhkeun rasaning ati
Saban poé indit-inditan
Teu weléh sabar najan sorangan

Sok jadi pamanah rasa
Sok jadi pamatri ati
Silih asih silih tresna
Lir carita Rama Sinta
Négla, 1 Désémber 2014


********************************************************************************* 

Paré
Muhamad Kusaeri
Binih-binih nu harita kungsi dikeueuman
Kiwari geus ting berejel sirungan
Jadi petét diunggal ranca
Hirup nepi ka gedé didinya

Tapi ayeuna si petét geus dibuat
Balik deui jadi paré
Nu saban poé ditébar di tegal
Bari ditilaman ku amparan lawon panjang
Sangkan tuus tina baseuhna

Kebat dipisahkeun jeung bajuna
Nu nyésa sakur kelir bodas
Tuluy tapian, haju diisikan
Nepi leungit kokotorna

Tapi kunaon bet kudu dibersihan?
Kapan kelirna geus bodas, geus misah ti bajuna
Tuluy naha kudu bet diseupan?
Kapan kitu ge geus bisa didahar
Pokna ambéh antukna bisa datang nu ngaranna ni'mat
Négla, 11 Désémber 2014

 *********************************************************************************

Lir Paré
Muhamad Kusaeri
Ti mimiti Si binih dikeueum na beuteung cai
Nepi ka ting berejel sirungna
Tuluy ditebar salega ranca
Nu saban poé diasuh, dijaga, jeung diriksa

Nincak mangsa babut, dipindahkeun ranca séjén
Ditancepkeun rada paangga dibébécékan
Saban minggu teu weléh diipukan kahadéan
Sangkan bisa nangtung ajeg, teu runtag ku ayeuh

Tapi lamun geus mangsana dibuat
Bakal dialaan deui ku nu kagungan
Tuluy dikumpulkeun bari didéang dina wanci manceran
Nepi tuus, leungit cai jeung leutakna

Haju ditutuan ku lisung
Nepi ka misah jeung gabahna
Tuluy ditapian, diisikan nepi ka bener-bener bersih
Bersih tina sarupaning mérangna
Kebat diseupan nepi kaasak

Négla, 12 Désémber 2014
Read More

Ngaguar Perkara Kakawihan “Cing Cang Keling”


Ku Muhamad Kusaéri 
Kakawihan nya éta lalaguan nu sok dihaleuangkeun ku barudak laleutik, ilaharna mah nalika keur arulin kaulinan barudak, saperti oray-orayan, cingciripit, jsb. Tapi aya ogé kakawihan nu dihaleuangkeunna hanteu dina keur arulin kaulinan barudak, saperti tokécang, jeung cing cang keling. Unggal kakawihan ngabogaan harti masing-masing biasana mah eusi atawa hartina téh ngeunaan peupeujeuh keur barudak. Tah, ku kituna ayeuna urang rada pedar salah sahiji kakawihanna nya éta kakawihan “Cing cang kleing”.
Kungsi harita ngadoni jeung salah sahiji dosén bari ngaguar perkara maksud tina kakawihan Cing Cang Keling. Keiu pokna téh kakawihan cing cang keeling téh nya éta kakawihan nu eusina peupeujeuh atawa naséhat keur barudak awéwé. Jéntréna mah urang bahas unggal padalisanna wéh langsung.
Padalisan ka-1
Cing cang keeling manuk cingkleung cineten
Kecap manuk manuk cingkleung dina rumpaka kakawihan cing cang keeling éta téh boga harti ngagambarkeun kana bobogaan budak lalaki “manuk”. Kecap manuk ku kolot baheula mah sok diibaratkeun keur barang bobogaan lalaki (moal disebutkeunlah bisi jorang).
Padalisan ka-2
Plos ka kolong bapa satar buleneng
Dina padalisan ka dua éta téh ngabogaan maksud lanjutan tina padalisan ka hiji, lamun si manuk cingkleung nepi asup plos ka kolong balukarna téh buleneng. Jadi kieu lamun éta si manuk nepi asup kana nu aya di kolong bobogaan awéwé (moal disebutkeun deui bisi jorang). Tah éta téh bisa ngabalukarkeun si awéwé téh ngandeg.
Tah matak ku kituna ieu kakawihan téh teu sakaba-kaba dijieun ku karuhun urang téh, sangkan awéwé nu anom kénéh téh bisa ngajaga kahormatanana. Ulah nepikeun si manuk asup ti heula saméméh ijab kobul. Lain ngan ukur kakawihan cing cang keeling wungkul nu ngabogaan harti nu kacida pentingna keur kahirupan urang téh, tapi kabéh kakawihan gé ngabogaan harti nu nyamuni.

(Pamaca nu hade nya éta nu kersa ngoménan ieu tulisan)

Tong hilap komén ki dulur…. Hehehehe
Read More

Sisindiran Pamingpin


Ku Muhamad Kusaéri
Manjing ka magrib téh jol ngadak-ngadak réa omong di béh dapur téh. silih témbal omongan lalaki jeung awéwé. Mimiti mah teu pati teuing dipaliré ku kami da ngan ngomongkeun perkara awéwé´téh kudu rancagé pangabisana, tapi naha ujug-ujug si lalaki hideung gedé téh ngomongna téh kalah ngarancabang ka ditu ka dieu. Nyuat-nyuat perkara Kepala Suku jeung Menteri Sumber Daya katut Percaian di imah téh.
“Awéwé téh manéh mah teu bisa nanaon euy” Ceuk si hideung gdé bari seuri nyindir.
“Ah wios kang da diajar kénéh, akang mah mah pan hebat” Témbalna bari isin.
“Atuh, teu siga Kepala Suku nu bisana ngan héés waé ti isuk, meuni teu daék gégéroh acan” pokna.
“Ieu deui Menteri Sumber Daya katut Percaian téh meuni hésé kana miceun runtah téh” tambahna bari nyengiran.
Kami nirilik ti jero kamar néangkeun éta si hideung gedé. Tadina mah dék diantep, tapi da geus lain sakali dua kali kitu ka kami téh. ari kanu séjén tara kitu, komo hareupeun sémah mah jeung deuih mun ngomong téh sok tara ngaragap diri sorangan. Bong kéna létah teu tulangan, basa teu bisa ngaragap haté batur.
“Ehem, tapi da asa geus dikumbahan ku kami urut-urutan kami mah” Témbal kuring.
Nu awéwé mah geus teu ngomong deui, da meureun geus keuna kana haténa. Atuh saha nu teu nyelekit kana haté, omonganna nu matak pikakeuheul batur ieuh.
“Oh kitu, naha atugh itu masih kénéh seueur nu kalotor?” pokna
“Pan harita geus kungsi nyieun perjangjian parabot nu geus dipaké ku sorangan kumbah ku sorang, ulah ngandelkeun batur” Témbal kami.
“Atuh pan pupuhu mah kuduna nyontoan”Témbalna deui.
“Pan keur isuk gé kami nyontoan bari jeung nelen ciduh barudak dina perjangjian nu dijieun dina peuting harita, lamun Juru Simpen euweuh sagala rupa perduitan jadi tanggung jawab Kepala Suku, pan kami gé nyontoan mikeun duit ka manéh keur mayar cai galon” Tambah kuring.
Si hideung gedé can eureun nyindiran téh, ngan manéhna pindah topik jadi ngabahas Menteri Sumber Daya katut Percaian nu can miceun runtah téa. Padahal Si Menteri Sumber Daya katut Percaian téh karak balik ti acara di Organisasina. Tuluy ngarancabang si omongan téh, padahal nu intina mah nyindiran kami. Teuing kunaon ieu jelema téh jiga nu boga dendam pribadi kami. Padahal lamun manéh ngayakeun acara diorganisasina kami mah ngiluan, da karunya ka babaturan hayang ngabantuan, sabari miharep sugan sikepna bisa robah. Ieu mah kalah beuki ngajadi. Komo ayeuna si hideung gedé téh keur jadi pupuhu dina hiji Organisasi, mupuhuan kami.
“Jadi pamingpin téh kudu nyontoan nyah, atuh lamun kitu mah kabeneran. Cik atuh pangnyontoankeun pangmayarkeun sametan ti organisasi sadérék nu masih nganjuk barang ka kami” Ceuk kami bari lentong nyindir.
“Atuh éta mah tanggung jawab nu nganjukna, urang mah ngan mengawasi” pokna bari beungeutna semu beureum.
“Atuh parabot kotor gé urang ngan mengawasi meureun, da éta gé kuduna téh tanggung jawab nu geus makéna meureun” témbal kami.
Sabari nahan kakeuheul ka kami, éta si hideung gedé téh ngoloyor ninggalkeun obrolan kitu baé. Beungeutna semu beureum, matana pinuh kakeuheul jeung leungeunna meureup bari leumpang naék ka loténg imah.
***
“Peupeujeuh ki dulur hirup mah ulah sok mindeung teuing sindir sampir ka batur, ari embung disindir sampiran deui mah ku batur. Peupeuriheun létah mah teu tulangan, matak kudu bisa ngaragap haté batur. Batur boga haté nu bisa nyeri, kitu ogé ki dulur!”
“Pamingpin kudu jadi conto nu hade, nu bisa narima kritik ti batur, lain kalah jadi tukang nyindir batur, tapi teu narima nalika dibalik sindir ku batur.”

 “Mugia saeutik carita tadi bisa jadi pieuteung keur urang. Omat ki dulur paéh mah sakali, tapi hirup mah dua kali, nalika urang ngalaman hirup nu ka dua urang bakal dipénta pertanggung jawaban urang salila hirup di dunya”
Read More

Katumbiri Ajaib


            Hiji mangsa dihiji lembur nu ngaranna Cicurug nu dicicingan ngan ukur ku jalma nu geus karolot umurna téh ti 70 taun kaluhur. Di éta lembur téh aya hiji curug nu kacida pisan éndahna.
            Hiji poé di éta curug téh biji katumbiri. Kawénéhan aya nalika aya katumbiri téh aya aki-aki nu ngaliwat mamawa karung sigana mah geus ngala parab domba. Haju si aki-aki téh ngadeukeutan éta katumbiri téh. Barang dicabak si katumbiri téh bisa dicekel.
            “Naha ieu katumbiri bisa dicekel sih? Boa-boa ieu lain katumbiri samanéa?”
            Bakating ku panasaran si aki-aki téh naék ka luhur katumbiri, tuluy nyorodotkeun manéh bari ngomong.
            “Lamun ieu katumbiri ajaib uing hayang jadi ngora deui” pokna bari nyorodot.
            Gejebur!!! Barang kaluar ti cai, naon nu kahayang atdi jadi kanyataan. Bakating ku atohna éta si aki-aki meni ka gogonjakan, tuluy lumpat balik ka lembur bari gogorowokan di tengah lembur.
            “Aing ngora deui… Aing ngora deui….!!!” Ku sora nu tarik.
            Éta béja nepikeun sumebar kamana-mana. Nepi ka asup kana TV, pokona mah unggal jelema di unggal wewengkon téh arapal ngeunaan katumbiri ajaib.
            Nepi ka hiji poé éta warta téh kadéngé hiji tempat nu pang jauh-jauhna ti Cicurug ku hiji ema-ema nu ka obsési pisan hayang awét ngora. Ahirna si éta ema-ema téh indit ka Cicurug téh, teu paduli jauh teu paduli nanaon deui. Nu aya dina pipikiranana téh ngan hayang bisa awét ngora.
            Poé ka poé, minggu ka minggu ahirna éta si ema-ema nepi ogé di tempat katumbiri ajaib. Bakating ku riweuhna bari gurunggusuh. Éta si ema-ema téh teu mikirmikir deui langsung naék ka luhur katumbiri.
Saméméh nyorodot téh si emaema maca jangjawokan heula sangkan bisa langsang lungsur.
“Cahaya mamandi cahya, ya iku anganggo cahyaning macan gebong, maka wulung ati, digugul sia bagulong-gulong, beunang gulungan pantang sia bagolong, tek anceup tek sieup ka awaking.” Ceuk si ema ngagorowok.
Tapi barang rék nyorodot bajuna téh ngait kana dahan tangkal, kusabab si ema-ema téh lainna ngomong kahayangna, kalah ngomong.
            “Éh kodok kodok..” ceuk si ema teu sangaja, alatan latah.
            Gujubar!!!!! Barang kaluar téh kalah jadi kodok nu kulitna karadak tur budug.

*** TAMAT ***
Read More

Pasanggiri Hitut


            Kacaritakeun di hiji lembur nu ngaranna Legok Hangseur, masarakatna téh gawéna ngan ukur tatanén sabangsaning huhuian ti mimiti dangdeur nepi ka boléd. Di éta lembur téh sok diayakeun pasanggiri. Pasanggirina téh nya éta pasanggiri hitut. Ieu pasanggiri téh ngan saukur tingkat lembur tapi nepi ka tingkat nasional, malah mah nepi ka internasional.
            Hiji poé di éta lembur téh ngayakeun pasanggiri hitut, juarana bakal dibawa ka tingkat nasional keur ngilu séléksi pikeun ngiluan pasinggiri hitut internasional. Harita di éta lembur téh diwakilan ku Céng Ubéd. Céng Ubéd téh tulu di bawa katingkat kecamatan, haju ka kabupatén, provinsi, nepi ka tingkat nasional.
            Di tingkat nasional téh manéhna jeung para pamilon séjénna ti unggal provinsi di indonésia. Aya nu ti Sumatera, jawa, sulawési, Kalimantan, bali nepi ka papua. Di tingkat provinsi téh di pasnggiri hitut téh dibagi kana sababraha grup aya grup Sumatera, jawa, bali, sulawési, kalimantan, papua, jeung sajabanna. Unggal pamilon téh nembongkeun bari mintonkeun cara hitut jeung kakuatan hitutna. Nepi ka nyésa tilu urang deui nu asup final téh, nya éta aya Horas, Péngki, jeung si Ubéd. Satiluna téh geus teu kudu ditanya deui aya perkara hitut mah, satiluna gé geus boga karakteristik jeung kamampuh hitut anu béda tapi luar biasa. Haju dikawitan wéh si pasanggiri téh.
            “Pamiarsa dimana waé ayana, ayeuna urang bakal nyakséni babarengan pasanggiri hitut tingkat nasional. Supados teu nyagkolong teuing kana waktu, hayu urang kawitan waé ieu pasanggiri. Patandang nu ka hiji aya Horas, kalayan kadaharanna beuleum cau. Manga nyanggakeun.” Ceuk MC.
            Ari pas hitut téh. Beledag……!!!!!!! Sapuluh imah peupeus kabéh kacana, jeung saurang juri ngajengkang.
            “Émprak heula kanggo Horas. Salajengna patandang anu ka dua Péngki, kalayan kadaharanna sagu asam manis. Manga nyanggakeun.”
            Jeggurrrrrrr……!!!!!! Dua puluh imah peupeus kabéh kacana, jeung dua urang juri ngajengkang.
            “Émprak deui kanggo Péngki, patandang anu pamungkas datang ti Legok Hangseur, Ubéd…., kalayan kadaharanna kulub dangdeur rasa sampeu. Mangga ka sadérék Ubéd”
            Pas si Ubéd hitut. Jelegem… Beledag….!!!!!!  Sakabéh imah nu aya disabudeureunana peupeus kabéh kacana, sapuluh imah rubuh, jeung satiluna juri ngajengkang.
            Teu kungsi lila juri badami. Langsung baé diumumkeun saha nu jadi jawarana. Ahirna si Ubéd nu jadi jawara téh sakaligus ngawakilan indonésia dina pasanggiri hitut internasional nu baris diayakeun di Amérika.
            Sanggeus jadi jawara nasional dilembur téh si Ubéd mah teu eureun latihan, sangkan bias juara internasional. Ningga waktuna si Ubéd téh indit ka Amérika, tapi saméméh indit si Ubéd téh dibéré bungkusan jeung salembar kertas ku bapana.
            “Céng rék éléh rék meunang omat ulah kaduhung, jeung hiji deui omat sing jujur. Ieu bekel ti bapa keur acéng, mugia sing mangpaat nyah. Bapa mah teu bias nganteur ka ditu, ngan ukur bias ngadoakeun di imah” Ceuk Bapana mere peupeujeuh ka si Ubéd.
            “Muhun pa, najan kumaha gé Ubéd mah bakal narimakeun, rék éléh rék meunang mah kumaha engké”
            Laju si Ubéd téh indit ka Amérika. Sanepina diditu manéhna téh diadu jeung sabaraha nagara pamilon. Ti unggal babak téh si Ubéd meunang tuluy, nepikeun manéhna asup ka babak final ngalawan Amérika, jeung Italia. Tapi pas nalika istirahan saméméh taram lomba. Si Ubéd nu ngalicikan, dahareunana aya nu maok.
            “Adeuh, kamana ieu dangdeur? Tadi téh asa ditunda didieu. Kudu kumaha ieu, mangkaning keudeung deui lombana taram” Ceuk si Ubéd semu hariwang.
            Ti dinya manéhna ka ingetan bungkusan paméré bapana. Haju dibuka wéh si bungkusan téh, barang dibuka sing horéng eusina téh kulub boléd. Terus manéhna muka kertas nu dibéré ku bapana. Barang dibuka eusina téh horéng jajangwokan hitut nu légéndaris.
            “Ah, tibatan euweuh keur ngaganjel beuteung mah ieu wéh lah kulub boléd”
            Teu lila, acara pasanggiri hitut internasional gé dikawitan.
            “Pamiarsa sadayana di saluruh dunya……… Wilujeng nyakséni. Patandang nu ka hiji nya éta ti Amérika, Jos Ajos, kalayan kadaharanna Humberger. Manga…!!!”
            Barang hitut téh, Beledug !!!!!!! saratus imah rubuh kabéh.
Patandang nu ka dua nya éta ti Italia, Fidio, kalayan kadaharanna Spagéti. Manga…!!!”
Barang hitut téh. Jeledag !!!!!!! saratus imah ruduh, jeung tihang listrik parotong.
Patandang nu pamungkas nya éta ti Indonésia, Ubéd, kalayan kadaharanna…... naon daharna téh?” Ceuk MC
“Kulub boléd” Témbal si Ubéd.
“Oh, kalayan kadaharanna kulub boléd…. Mangga…”
Saméméh hitut téh si Ubéd maca heula jangjawokan paméré bapana.
“Bismilahirrohmanirrohim. Tut alaitut, padati pada rohani, Allahumma bulbaéni.” Pokna.
Barang hitut téh. Plecussssssss. Sakabéh panongton, pamilon jeung juri sareuri kabéh. Tapi pas ningga 10 detik, ujug-ujug sakabéh nu aya di dinya paringsan. Nepi ka 30 menitna.
Sanggeus kabéhan sadar jeung juri geus ngabadamikeun, ahirna diumumkeun yén juarana téh Ubéd ti Indonésia. Ahirna si Ubéd téh jadi Raja Hitut Dunia.

*** TAMAT ***
Read More

Kutil jeung Anak Jin


            Dicaritakeun dihiji wewengkon dikuloneun nagara pajajaran, aya hiji lembur nu dieusi ku mayoritas jalma kurang mampuh nu gawéna ngan ukur tatanén jeung hiji jalma nu pangbeungharna nu duitna teu kaitung lobana. Éta jelema beunghar téh sebut baé ngaranna Jaya, manéhna téh boga panyakit nu anéh. Panyakitna téh panyakit nya éta kutil sagedé bola sépak. Tapi manéhna boga panyakit kitu téh teu sorangan, sabab aya hiji warga di éta lembur ngabogaan panyakit nu sarua. Budak nu ngabogaan panyakit kitu téh ngaranna Nyangsang.
Sok sanajan si Jaya jeung si Nyangsang téh boga panyakit nu sarua, tapi duaan éta boga pasipatan anu béda si Jaya pasipatanna sombong, adigung , pokona mah pasipatanna goréng. Sedeng si Nyangsang mah pasipatanna bageur, getol, jeung teu pati mikirkeun panyakit kutilna, manéhna mah pasrah wéh ka Allah. Béda jeung si Jaya nu unggal poé gugurutu baé, manéhna mah teu narimakeun dibéré panyakit kitu.
“Kunaon ieu aing béré panyakit siga kieu, kénah-kénah aing sombong kitu gusti Allah téh méré panyakit siga kieu, tapi da aing mah sombong téh wajar kapan aing mah beunghar. Boa-boa ieu Allah sentimén ka aing ieu mah?” ceuk si Jaya lamun keur gugurutu.
Saban poé si Jaya mah teu eureun nyiar landong keur ngubaran éta panyakit. Nyiarna téh teu unggal juru marcapada. Tapi euweuh nu bias nyageurkeun éta panyakit, kalakah beuki lila éta kutil téh beuki ngagedéan.
Béda jeung si Nyangsang manéhna pasrah wéh ka Allah, ngan ukur bisa ngadoa jeung ngadoa. Da meurueun lain ku teu hayangna nyiar landongna tapi pan kaayaan nu miskin éta nu ngabalukarkeun manéhna ngan bisa sabar. Unggal poé dihinaan ku urang salemburna.
Hiji poé si Nyangsang dititah ku indungna tah mang ngalakeun suluh ka leuweung gelenggengan. Manéhna mah da jelemanna nurut pisan ka nu jadi kolot téh jadi éta paréntah téh buru-buru dilakonan. Teu loba pikir manéhna langsung indit ka leuweung gelenggengan ngala suluh.
Pas nepi di leuweung gelenggengan manéhna langsung ngalaan suluh, gajag-gijig néangan pangpung, dahan-dahan kai nu garing. Waktu keur mulungan suluh, manéhna teu nyadar yén manéhna téh keur diintip ku anak jin, alatan éta si anak jin téh resepeun kana kutil nu nangkod dina sirah si Nyangsang. Bakating ku resepna si anak jin téh bébéja ka bapana hayang bola. Da memang éta si anak jin téh karesepna maén bola.
“Pa! Bapa! Ajin hayang dipang mésérkeun bola atuh pa” ceuk si anak jin
“Lainna éta bola nu di kamar manéh téh geus ngadugdug lin? Keur naon naon deui bolana?” tembal bapana.
“Pokona mah hayang bola! Tuh di ditu aya manusa anu dina sirahna aya bolaan meuni alus pisan, hayang nu éta.” bari sengké.
“Gues! Tong bari méwék. Dagoan bapa ka ditu heula, sugan ku si éta manusa dibikeun.”
Harita si Nyangsang téh keur istirahat handapeun tangkal binglu. Keur ngeunah-ngeunahna diuk ujug-ujug manéhna aya nu nanya tapi euweuh rupa.
“Heuy manusa, kajeun teu éta kutil nu nanggkod dina sirah sia dicokot ku aing?” ceuk jin.
“Saha éta nu ngomong? Keur naon hayang kutil urang?” bari semu sieun.
“Aing Jin. Itu keur anak aing nu sengké nu hayangeun bola, sangkaan anak aing mah kutil sia téh bola”
“Oh, heueuh seug baé ari urang mah, itung-itung sodakoh ka anakna”
“Alus mun kitu mah, ayeuna sia peureum, aing rék nyabut éta kutil”
Tuluy si jin téh ngaluar élmuna pikeun nyabut éta kutil.
“Ong gambang gambung, teluh katimpuh butakasinglar, wong sira pada suminggah, ya wisésa nya aing patapan masdaru patapan daruni, ratu neluh buta ajur si umbak si atong si ngudak si cocolongok si kapulaga sira limanjeneng, ingsun sutera mangaya luas waluya walaidun desit cundek  kala jalu sipat nabi, sipat iman iya rosululloh. Heup” Ceuk si Jin bari nyekel kutilna.
“Heuy Jin geus can?” ceuk si Nyangsang.
“Geus, hop geura buka deui matana” tembal si Jin.
            Barang muka mata éta si Nayangsang téh reuwas bari bungah, alatan éta si kutilna téh geus leungit dina sirahna.
            “Heuy Jin, nuhun nyah geus nyageurkeun panyakit urang.” Ceuk si Nyangsang.
            “Sami-sami, aing gé nuhun pisan ieu geus dibéré kutil, da lamun euwueh sia mah aing moal bisa ngemboh anak aing nu ngadat baé, ayeuna mah bisi sia rék balik jung geura balik bisi ka buritan” ceuk si Jin.
            Laju si Nyangsang téh buru-buru manggul suluhna, tuluy balik ka imahna bari bungah. Nepi ka urang lemburna héraneun. Padahal mah si Nyangsang téh tara nyiar landong, tapi naha éta kutilna bias leungit.
             Meunang saminggu pas si Nyangsang rék ngawaluku sawahna manéhna panggih jeung si Jaya nu kabeneran ngaliwat galengan sawahna. Si Jaya téh ngarasa aya nu béda dina si Nyangsang.
            “Heuy Nyangsang, éta kutil manéh kamana?” Tanya si Jaya.
            “Alhamdulillah Gan Jaya, saminggu katukang téh aya nu ngubaran kuring” Tembalna.
            “Teu ngandel si Kismin aya nu daék ngubaran, boga duit ti mana? (kukulutus dina haténaa). Heuy Nyangsang manéh di ubaran dimana? Béjaan atuh kuring da kuring gé geus teu betah ieu, hayang geura leungit si kutil téh” ceuk si Jaya.
            “Sabenerna mah kuring téh teu sangaja panggihna. Harita basa kuring ka gunung gelenggengan kuring papanggih jeung Jin. Tah si anakna téh resep pisan maén bola, disangkana mah éta si kutil kuring téh bola meureun, haju di cokot wéh si kutil téh ku éta jin keur ngabangbatkeun anakna.” Jawab si Nyangsang.
            “Ah nu bener manéh?”
“Cing demi”
“Oh, hooh atuh kuring rék tatahar heula, poé éna pokona mah kuring rék indit ka ditu”
Laju sanggeus tatahar, si Jaya téh indit ka leuweung gelenggengan. Pas nepi di ditu, manéhna tuluy gogorowokan.
“Heuy anak jin hayang bola deui teu yeuh? Ieu bolana leuwi gedé jeung leuwih hérang” ceuk manéhna.
“Heuy anak jin hayang bola deui teu yeuh? Ieu bolana leuwi gedé jeung leuwih hérang” ceuk manéhna.
“Heuy anak jin hayang bola deui teu yeuh? Ieu bolana leuwi gedé jeung leuwih hérang” ceuk manéhna
            Nepi ka sapuluh kalian. Kakarak aya nu ngajawab.
            “Embung lah nu ieu gé geus bosen” tembal anak jin bari ngalung kutil si Nyangsang. Lung. Clep
             “Adaw”
            Tungtuna lain mah cageur kalakah nambahan kutilna si Jaya.

            *** TAMAT ***
Read More

Sasakala Urang Baduy (Versi 01)


Jaman baheula aya hiji Raja nu boga kakawasaan nu pang legana ti Karajaan Papajaran. Ceuk béja éta Raja téh asalna ti Sorga Loka. Nalika Islam asup ka tatar sunda, tur sumebar kamamana di unggal wilayah tatar sunda. Éta Raja ujug-ujug ngaleungit ti istinana, alatan embung ngagem agama islam. Leungitna manéhna téh bareng jeung dulurna nu ngaranna Pucuk Umun.
Raja jeung Pucuk Umun téh ngarobah dirina jadi manuk béo. Si Raja jeung Pucuk Umun téh ngalalana ka dieu ka ditu, ti ujung kidul ka ujung wétan, ti ujung kalér ka ujung kulon, nyiar tempat nu jempling nu masih kénéh kosong can aya nu nemptan atawa can ditempatan ku jelema, pikeun nyumput ti jalma réa.
Geus kuralang-kuriling ka dieu ka ditu, ahirna Raja jeung Pucuk Umun téh nepi ka hiji tempat di Cibaduy béh kuloneun tatar sunda (Banten).
“Ayi urang turun di dieu” Ceuk Raja.
“Muhun Kakang” Témbal Pucuk Umun.
Laju éta dua manuk béo téh turun di hiji leuweung gelenggengan. Éta tempat téh disalusur heula, nepikeun maranéhna manggih hiji tempat nu eusi ngan ukur aya keusik wungkul. Tuluy maranéhna téh nyicingan éta tempat. Haju mere ngaran éta tempat Cikeusik.
“Ai sigana ieu tempat téh masih can kacabak ku jalma, ka témpo tina kaayaan alamna nu masih kénéh di eusi ku rupa-rupa sasatoan” Ceuk Raja
“Muhun Kakang” Témbalna Pucuk Umun.
Hiji poé éta dua manuk béo téh indit. Di tengah jalan manéhna manggih hiji walungan nu kacida hérang caina, nepikeun éta dua manuk béo téh kataji ka éta walungan téh, tuluy turun ka éta walungan. Pas geus turun éta dua manuk béo téh mandi di éta walungan, tuluy ujug-ujug awakna téh balik deui jadi ngawujud manusa. Alatan walungan éta geus bisa ngarobah wujud béona éta walungan téh diaranan Cibéo.
Saban poé, di Cikeusik téh dipinuhan ku katurunan Raja jeung Pucuk Umun. Bakating ku geus pinuh Raja jeung Pucuk Umun téh muka deui hiji leuweung tuluy dijadikeun hiji lembur anyar. Éta lembur téh aya di hilireun Walungan Cibéo. Éta lembur anyar téh diaranan Cikerta Warna (Kerta Warna). Kerta téh hartna ramé sedengkeun Warna téh leuweung. Beuki ka dieu beuki ka dieu éta lembur téh jadi ramé.
Di Ci Baduy ahirna jadi aya tilu lembur anu ramé, nya éta Cikeusik, Cibéo, Jeung Cikerta Warna. Maranéhna hirup ku adat istiadat jeung undang-undang sorangan. Maranéhna anu kiwari dikenal urang Baduy. Maranéhna dipingpin ku salah saurang nu gelarna atawa disebut Geurang Puun.
Urang baduy boga budaya silih harga kana hak milik batur. Lamun aya urang baduy anu ngareumpak aturan jeung undang-undang anu masih dipaké di éta adat atawa geus teu kuat di adat, éta jalma bakal dititah kaluar ti baduy atawa diasingkeun ka lembur Nangka Bengkung. Masarakat baduy nu di éta lembur disebut baduy luar. Sedengkeun urang baduy nu nyicingan di tilu tempat tadi disebut baduy jero (dalem).

*** TAMAT ***
Read More

Meme Tamba Kesel


Read More

Meme Tamba Kesel


Read More

Meme Tamba Kesel


Read More

Sasakala Lauk Bogo

Kacaritakeun baheulana mah lauk bogo téh kadal. Kieu caritana, hiji mangsa aya sakadang kadal dék nganjang ka imah kabogohna. Imah kabogohna téh aya di ujung lembur nu jalanna ka imahna téh ngan ngaliwatan jalan ronda nu aya di sisi walugan. Nalika di tengah jalan si kadal téh tisolédat, tuluy tikejebur ka walugan. Haju si kadal téh kaingetan dongéngna beurit nu jadi lauk lélé, tuluy nurutan ngadoa siga kitu. Antukna jadi wéh ngilu jadi lauk, tapi laukna lauk bogo. TAMAT
Read More

Sasakala Lauk Lélé

Kacaritakeun baheulana mah lauk lélé téh beurit. Kieu caritana, hiji mangsa aya sakadang beurit dék ulin ka imah babaturanna. Imah babaturanna téh aya di peutaseun walungan Cilélé. Keur nepi ka imah babaturanna téh si beurit kudu mapay érétan awi, tapi éta teuing kunaon palébah meuntas walungan, saralak gejebur si beurit téh kajebur ka walungan. Si beurit téh tikelekep, lantaran teu bisaeun ngojay. Si beurit tuluy ngadoa “gusti kami téh masih kénéh hayang hirup, mun gusti nyaah ka kami, kami hayang jadi bisa ngojay” pokna dina jero cai téh. Antukna éta beurit téh jadi lauk lélé. TAMAT
Read More

CIRIWANCI (KARAKTER) JALMA

A.    Ciriwanci jalma dina Mata
1.      Mata sedeng : hade, haté jeung pikiranna putih bersih, panceg.
2.      Mata rubak : Goréng, robah-robah haté, gampang kapangarughan.
3.      Mata pelet : Goréng, gedé karinah.
4.      Mata jero : Goréng, resep ribut, jeung ngaributkeun (ngadu domba).
5.      Mata cindul : Goréng, jahat, dengki, adigung, agul, pupujieun (hayang kaalem).
6.      Mata sedeng gedéna : lungguh tipuh, rérétna seukeut, hade laku lampahna, jeung handap asor.
7.      Mata nu buluna lemes : Goréng, bodo.
8.      Mata nu bobodasna semu bulao : Hadé, temen wekel kana sagala gawé.
9.      Mata nu kiceupna kerep : Goréng, ciri jalma ngempod (borangan).
10.  Mata nu semu beureum : Goréng, palacuran.

B.     Ciriwanci Jalma dina Kulit
1.      Kulitna hideung : Goréng, gedé hulu.
2.      Kulitna konéng : Goréng, panas baran.
3.      Kulitna bodas : Alus, tapi teu ata pisan hojahna (lungguh)
4.      Kulitna bangbang : Goréng, bedegong sok mawa karep sorangan.
5.      Kulitna bulé : Goréng, sok loba omong jeung judes.
6.      Kulitna kawas bolang kahieuman (héjo calang) : Hadé, sok loba milik turta handap asor budina.

C.    Ciriwanci Jalma dina Dedegan
1.      Dedeganna pendék leutik : Goréng, daék ngalakonan gawé jahat.
2.      Dedeganna bangbang : Hadé, hirupna salamet, gedé kaéra.
3.      Dedeganna jangkung : Hadé, bersih haténa (sabar).
4.      Dedeganna Jangkung Gedé : Goréng, panas baran.
5.      Dedeganna pendék gedé : Goréng, bedegong, tapi aya hadean sok karunyaan ka nu sangsara.
D.    Ciriwanci Jalma dina Buuk
1.      Buukna hideung : Hadé, sabar, wanian.
2.      Buukna meles sarta gilap : Hadé, tigin kana jangji, sarta tara bohong.
3.      Buukna kasar badag sarta heuras : Hadé, lébér wawanénna.
4.      Buukna lemes leuleus : Goréng, ngempod (borangan).
5.      Buukna sedeng : Hadé, cucudan kana gawé.
6.      Buukna konéng : Goréng, pondok pikiran, bedegong.
7.      Buukna nu buluna rintik : Goréng, tanda jelema nu bedegong.
8.      Buukna sedeng sarta ditengah-tengahna legok : Hadé, bageur.
9.      Buukna kandel sarta rubak : Goréng, tanda jalma judes.
10.  Buukna nu buluna lemes : Hadé, panjang jeujeuhan.

E.     Ciriwanci Jalma dina Janggot
1.      Janggot sedeng : Hadé, beresih haténa.
2.      Janggot cerewing : Goréng, gurung gusuh (panas baran), kurang pamikiran.
3.      Janggot nu buluna kusut : Goréng, gedé teuing wawanénna.
4.      Janggot nu buluna carang : Goréng, bodo.
5.      Janggot nu buluna carang tapi lemes : Hadé, loba akalna.
6.      Janggot nu buluna sedeng : Hadé, salamet hirupna.
Read More
Diberdayakan oleh Blogger.

© Copyright Kurusetra