Katumbiri Ajaib


            Hiji mangsa dihiji lembur nu ngaranna Cicurug nu dicicingan ngan ukur ku jalma nu geus karolot umurna téh ti 70 taun kaluhur. Di éta lembur téh aya hiji curug nu kacida pisan éndahna.
            Hiji poé di éta curug téh biji katumbiri. Kawénéhan aya nalika aya katumbiri téh aya aki-aki nu ngaliwat mamawa karung sigana mah geus ngala parab domba. Haju si aki-aki téh ngadeukeutan éta katumbiri téh. Barang dicabak si katumbiri téh bisa dicekel.
            “Naha ieu katumbiri bisa dicekel sih? Boa-boa ieu lain katumbiri samanéa?”
            Bakating ku panasaran si aki-aki téh naék ka luhur katumbiri, tuluy nyorodotkeun manéh bari ngomong.
            “Lamun ieu katumbiri ajaib uing hayang jadi ngora deui” pokna bari nyorodot.
            Gejebur!!! Barang kaluar ti cai, naon nu kahayang atdi jadi kanyataan. Bakating ku atohna éta si aki-aki meni ka gogonjakan, tuluy lumpat balik ka lembur bari gogorowokan di tengah lembur.
            “Aing ngora deui… Aing ngora deui….!!!” Ku sora nu tarik.
            Éta béja nepikeun sumebar kamana-mana. Nepi ka asup kana TV, pokona mah unggal jelema di unggal wewengkon téh arapal ngeunaan katumbiri ajaib.
            Nepi ka hiji poé éta warta téh kadéngé hiji tempat nu pang jauh-jauhna ti Cicurug ku hiji ema-ema nu ka obsési pisan hayang awét ngora. Ahirna si éta ema-ema téh indit ka Cicurug téh, teu paduli jauh teu paduli nanaon deui. Nu aya dina pipikiranana téh ngan hayang bisa awét ngora.
            Poé ka poé, minggu ka minggu ahirna éta si ema-ema nepi ogé di tempat katumbiri ajaib. Bakating ku riweuhna bari gurunggusuh. Éta si ema-ema téh teu mikirmikir deui langsung naék ka luhur katumbiri.
Saméméh nyorodot téh si emaema maca jangjawokan heula sangkan bisa langsang lungsur.
“Cahaya mamandi cahya, ya iku anganggo cahyaning macan gebong, maka wulung ati, digugul sia bagulong-gulong, beunang gulungan pantang sia bagolong, tek anceup tek sieup ka awaking.” Ceuk si ema ngagorowok.
Tapi barang rék nyorodot bajuna téh ngait kana dahan tangkal, kusabab si ema-ema téh lainna ngomong kahayangna, kalah ngomong.
            “Éh kodok kodok..” ceuk si ema teu sangaja, alatan latah.
            Gujubar!!!!! Barang kaluar téh kalah jadi kodok nu kulitna karadak tur budug.

*** TAMAT ***