CIRIWANCI (KARAKTER) JALMA
A.
Ciriwanci
jalma dina Mata
1. Mata
sedeng : hade, haté jeung pikiranna putih bersih, panceg.
2. Mata
rubak : Goréng, robah-robah haté, gampang kapangarughan.
3. Mata
pelet : Goréng, gedé karinah.
4. Mata
jero : Goréng, resep ribut, jeung ngaributkeun (ngadu domba).
5. Mata
cindul : Goréng, jahat, dengki, adigung, agul, pupujieun (hayang kaalem).
6. Mata
sedeng gedéna : lungguh tipuh, rérétna seukeut, hade laku lampahna, jeung
handap asor.
7. Mata
nu buluna lemes : Goréng, bodo.
8. Mata
nu bobodasna semu bulao : Hadé, temen wekel kana sagala gawé.
9. Mata
nu kiceupna kerep : Goréng, ciri jalma ngempod (borangan).
10. Mata
nu semu beureum : Goréng, palacuran.
B.
Ciriwanci
Jalma dina Kulit
1. Kulitna
hideung : Goréng, gedé hulu.
2. Kulitna
konéng : Goréng, panas baran.
3. Kulitna
bodas : Alus, tapi teu ata pisan hojahna (lungguh)
4. Kulitna
bangbang : Goréng, bedegong sok mawa karep sorangan.
5. Kulitna
bulé : Goréng, sok loba omong jeung judes.
6. Kulitna
kawas bolang kahieuman (héjo calang) : Hadé, sok loba milik turta handap asor
budina.
C.
Ciriwanci
Jalma dina Dedegan
1. Dedeganna
pendék leutik : Goréng, daék ngalakonan gawé jahat.
2. Dedeganna
bangbang : Hadé, hirupna salamet, gedé kaéra.
3. Dedeganna
jangkung : Hadé, bersih haténa (sabar).
4. Dedeganna
Jangkung Gedé : Goréng, panas baran.
5. Dedeganna
pendék gedé : Goréng, bedegong, tapi aya hadean sok karunyaan ka nu sangsara.
D.
Ciriwanci
Jalma dina Buuk
1. Buukna
hideung : Hadé, sabar, wanian.
2. Buukna
meles sarta gilap : Hadé, tigin kana jangji, sarta tara bohong.
3. Buukna
kasar badag sarta heuras : Hadé, lébér wawanénna.
4. Buukna
lemes leuleus : Goréng, ngempod (borangan).
5. Buukna
sedeng : Hadé, cucudan kana gawé.
6. Buukna
konéng : Goréng, pondok pikiran, bedegong.
7. Buukna
nu buluna rintik : Goréng, tanda jelema nu bedegong.
8. Buukna
sedeng sarta ditengah-tengahna legok : Hadé, bageur.
9. Buukna
kandel sarta rubak : Goréng, tanda jalma judes.
10. Buukna
nu buluna lemes : Hadé, panjang jeujeuhan.
E.
Ciriwanci
Jalma dina Janggot
1. Janggot
sedeng : Hadé, beresih haténa.
2. Janggot
cerewing : Goréng, gurung gusuh (panas baran), kurang pamikiran.
3. Janggot
nu buluna kusut : Goréng, gedé teuing wawanénna.
4. Janggot
nu buluna carang : Goréng, bodo.
5. Janggot
nu buluna carang tapi lemes : Hadé, loba akalna.
6. Janggot
nu buluna sedeng : Hadé, salamet hirupna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar