Kutil jeung Anak Jin


            Dicaritakeun dihiji wewengkon dikuloneun nagara pajajaran, aya hiji lembur nu dieusi ku mayoritas jalma kurang mampuh nu gawéna ngan ukur tatanén jeung hiji jalma nu pangbeungharna nu duitna teu kaitung lobana. Éta jelema beunghar téh sebut baé ngaranna Jaya, manéhna téh boga panyakit nu anéh. Panyakitna téh panyakit nya éta kutil sagedé bola sépak. Tapi manéhna boga panyakit kitu téh teu sorangan, sabab aya hiji warga di éta lembur ngabogaan panyakit nu sarua. Budak nu ngabogaan panyakit kitu téh ngaranna Nyangsang.
Sok sanajan si Jaya jeung si Nyangsang téh boga panyakit nu sarua, tapi duaan éta boga pasipatan anu béda si Jaya pasipatanna sombong, adigung , pokona mah pasipatanna goréng. Sedeng si Nyangsang mah pasipatanna bageur, getol, jeung teu pati mikirkeun panyakit kutilna, manéhna mah pasrah wéh ka Allah. Béda jeung si Jaya nu unggal poé gugurutu baé, manéhna mah teu narimakeun dibéré panyakit kitu.
“Kunaon ieu aing béré panyakit siga kieu, kénah-kénah aing sombong kitu gusti Allah téh méré panyakit siga kieu, tapi da aing mah sombong téh wajar kapan aing mah beunghar. Boa-boa ieu Allah sentimén ka aing ieu mah?” ceuk si Jaya lamun keur gugurutu.
Saban poé si Jaya mah teu eureun nyiar landong keur ngubaran éta panyakit. Nyiarna téh teu unggal juru marcapada. Tapi euweuh nu bias nyageurkeun éta panyakit, kalakah beuki lila éta kutil téh beuki ngagedéan.
Béda jeung si Nyangsang manéhna pasrah wéh ka Allah, ngan ukur bisa ngadoa jeung ngadoa. Da meurueun lain ku teu hayangna nyiar landongna tapi pan kaayaan nu miskin éta nu ngabalukarkeun manéhna ngan bisa sabar. Unggal poé dihinaan ku urang salemburna.
Hiji poé si Nyangsang dititah ku indungna tah mang ngalakeun suluh ka leuweung gelenggengan. Manéhna mah da jelemanna nurut pisan ka nu jadi kolot téh jadi éta paréntah téh buru-buru dilakonan. Teu loba pikir manéhna langsung indit ka leuweung gelenggengan ngala suluh.
Pas nepi di leuweung gelenggengan manéhna langsung ngalaan suluh, gajag-gijig néangan pangpung, dahan-dahan kai nu garing. Waktu keur mulungan suluh, manéhna teu nyadar yén manéhna téh keur diintip ku anak jin, alatan éta si anak jin téh resepeun kana kutil nu nangkod dina sirah si Nyangsang. Bakating ku resepna si anak jin téh bébéja ka bapana hayang bola. Da memang éta si anak jin téh karesepna maén bola.
“Pa! Bapa! Ajin hayang dipang mésérkeun bola atuh pa” ceuk si anak jin
“Lainna éta bola nu di kamar manéh téh geus ngadugdug lin? Keur naon naon deui bolana?” tembal bapana.
“Pokona mah hayang bola! Tuh di ditu aya manusa anu dina sirahna aya bolaan meuni alus pisan, hayang nu éta.” bari sengké.
“Gues! Tong bari méwék. Dagoan bapa ka ditu heula, sugan ku si éta manusa dibikeun.”
Harita si Nyangsang téh keur istirahat handapeun tangkal binglu. Keur ngeunah-ngeunahna diuk ujug-ujug manéhna aya nu nanya tapi euweuh rupa.
“Heuy manusa, kajeun teu éta kutil nu nanggkod dina sirah sia dicokot ku aing?” ceuk jin.
“Saha éta nu ngomong? Keur naon hayang kutil urang?” bari semu sieun.
“Aing Jin. Itu keur anak aing nu sengké nu hayangeun bola, sangkaan anak aing mah kutil sia téh bola”
“Oh, heueuh seug baé ari urang mah, itung-itung sodakoh ka anakna”
“Alus mun kitu mah, ayeuna sia peureum, aing rék nyabut éta kutil”
Tuluy si jin téh ngaluar élmuna pikeun nyabut éta kutil.
“Ong gambang gambung, teluh katimpuh butakasinglar, wong sira pada suminggah, ya wisésa nya aing patapan masdaru patapan daruni, ratu neluh buta ajur si umbak si atong si ngudak si cocolongok si kapulaga sira limanjeneng, ingsun sutera mangaya luas waluya walaidun desit cundek  kala jalu sipat nabi, sipat iman iya rosululloh. Heup” Ceuk si Jin bari nyekel kutilna.
“Heuy Jin geus can?” ceuk si Nyangsang.
“Geus, hop geura buka deui matana” tembal si Jin.
            Barang muka mata éta si Nayangsang téh reuwas bari bungah, alatan éta si kutilna téh geus leungit dina sirahna.
            “Heuy Jin, nuhun nyah geus nyageurkeun panyakit urang.” Ceuk si Nyangsang.
            “Sami-sami, aing gé nuhun pisan ieu geus dibéré kutil, da lamun euwueh sia mah aing moal bisa ngemboh anak aing nu ngadat baé, ayeuna mah bisi sia rék balik jung geura balik bisi ka buritan” ceuk si Jin.
            Laju si Nyangsang téh buru-buru manggul suluhna, tuluy balik ka imahna bari bungah. Nepi ka urang lemburna héraneun. Padahal mah si Nyangsang téh tara nyiar landong, tapi naha éta kutilna bias leungit.
             Meunang saminggu pas si Nyangsang rék ngawaluku sawahna manéhna panggih jeung si Jaya nu kabeneran ngaliwat galengan sawahna. Si Jaya téh ngarasa aya nu béda dina si Nyangsang.
            “Heuy Nyangsang, éta kutil manéh kamana?” Tanya si Jaya.
            “Alhamdulillah Gan Jaya, saminggu katukang téh aya nu ngubaran kuring” Tembalna.
            “Teu ngandel si Kismin aya nu daék ngubaran, boga duit ti mana? (kukulutus dina haténaa). Heuy Nyangsang manéh di ubaran dimana? Béjaan atuh kuring da kuring gé geus teu betah ieu, hayang geura leungit si kutil téh” ceuk si Jaya.
            “Sabenerna mah kuring téh teu sangaja panggihna. Harita basa kuring ka gunung gelenggengan kuring papanggih jeung Jin. Tah si anakna téh resep pisan maén bola, disangkana mah éta si kutil kuring téh bola meureun, haju di cokot wéh si kutil téh ku éta jin keur ngabangbatkeun anakna.” Jawab si Nyangsang.
            “Ah nu bener manéh?”
“Cing demi”
“Oh, hooh atuh kuring rék tatahar heula, poé éna pokona mah kuring rék indit ka ditu”
Laju sanggeus tatahar, si Jaya téh indit ka leuweung gelenggengan. Pas nepi di ditu, manéhna tuluy gogorowokan.
“Heuy anak jin hayang bola deui teu yeuh? Ieu bolana leuwi gedé jeung leuwih hérang” ceuk manéhna.
“Heuy anak jin hayang bola deui teu yeuh? Ieu bolana leuwi gedé jeung leuwih hérang” ceuk manéhna.
“Heuy anak jin hayang bola deui teu yeuh? Ieu bolana leuwi gedé jeung leuwih hérang” ceuk manéhna
            Nepi ka sapuluh kalian. Kakarak aya nu ngajawab.
            “Embung lah nu ieu gé geus bosen” tembal anak jin bari ngalung kutil si Nyangsang. Lung. Clep
             “Adaw”
            Tungtuna lain mah cageur kalakah nambahan kutilna si Jaya.

            *** TAMAT ***