Sasakala Lauk Bogo
Kacaritakeun
baheulana mah lauk bogo téh kadal. Kieu caritana, hiji mangsa aya sakadang
kadal dék nganjang ka imah kabogohna. Imah kabogohna téh aya di ujung lembur nu
jalanna ka imahna téh ngan ngaliwatan jalan ronda nu aya di sisi walugan. Nalika
di tengah jalan si kadal téh tisolédat, tuluy tikejebur ka walugan. Haju si
kadal téh kaingetan dongéngna beurit nu jadi lauk lélé, tuluy nurutan ngadoa
siga kitu. Antukna jadi wéh ngilu jadi lauk, tapi laukna lauk bogo. TAMAT
Tidak ada komentar:
Posting Komentar