Pasanggiri Hitut
Kacaritakeun di hiji lembur nu
ngaranna Legok Hangseur, masarakatna téh gawéna ngan ukur tatanén sabangsaning
huhuian ti mimiti dangdeur nepi ka boléd. Di éta lembur téh sok diayakeun
pasanggiri. Pasanggirina téh nya éta pasanggiri hitut. Ieu pasanggiri téh ngan
saukur tingkat lembur tapi nepi ka tingkat nasional, malah mah nepi ka
internasional.
Hiji poé di éta lembur téh ngayakeun
pasanggiri hitut, juarana bakal dibawa ka tingkat nasional keur ngilu séléksi
pikeun ngiluan pasinggiri hitut internasional. Harita di éta lembur téh
diwakilan ku Céng Ubéd. Céng Ubéd téh tulu di bawa katingkat kecamatan, haju ka
kabupatén, provinsi, nepi ka tingkat nasional.
Di tingkat nasional téh manéhna
jeung para pamilon séjénna ti unggal provinsi di indonésia. Aya nu ti Sumatera,
jawa, sulawési, Kalimantan, bali nepi ka papua. Di tingkat provinsi téh di
pasnggiri hitut téh dibagi kana sababraha grup aya grup Sumatera, jawa, bali,
sulawési, kalimantan, papua, jeung sajabanna. Unggal pamilon téh nembongkeun
bari mintonkeun cara hitut jeung kakuatan hitutna. Nepi ka nyésa tilu urang
deui nu asup final téh, nya éta aya Horas, Péngki, jeung si Ubéd. Satiluna téh
geus teu kudu ditanya deui aya perkara hitut mah, satiluna gé geus boga
karakteristik jeung kamampuh hitut anu béda tapi luar biasa. Haju dikawitan wéh si pasanggiri téh.
“Pamiarsa dimana waé ayana, ayeuna
urang bakal nyakséni babarengan pasanggiri hitut tingkat nasional. Supados teu
nyagkolong teuing kana waktu, hayu urang kawitan waé ieu pasanggiri. Patandang
nu ka hiji aya Horas, kalayan kadaharanna beuleum cau. Manga nyanggakeun.” Ceuk
MC.
Ari pas hitut téh. Beledag……!!!!!!!
Sapuluh imah peupeus kabéh kacana, jeung saurang juri ngajengkang.
“Émprak heula kanggo Horas.
Salajengna patandang anu ka dua Péngki, kalayan kadaharanna sagu asam manis.
Manga nyanggakeun.”
Jeggurrrrrrr……!!!!!! Dua puluh imah
peupeus kabéh kacana, jeung dua urang juri ngajengkang.
“Émprak deui kanggo Péngki, patandang
anu pamungkas datang ti Legok Hangseur, Ubéd…., kalayan kadaharanna kulub
dangdeur rasa sampeu. Mangga ka sadérék Ubéd”
Pas si Ubéd hitut. Jelegem…
Beledag….!!!!!! Sakabéh imah nu aya
disabudeureunana peupeus kabéh kacana, sapuluh imah rubuh, jeung satiluna juri
ngajengkang.
Teu kungsi lila juri badami.
Langsung baé diumumkeun saha nu jadi jawarana. Ahirna si Ubéd nu jadi jawara
téh sakaligus ngawakilan indonésia dina pasanggiri hitut internasional nu baris
diayakeun di Amérika.
Sanggeus jadi jawara nasional
dilembur téh si Ubéd mah teu eureun latihan, sangkan bias juara internasional.
Ningga waktuna si Ubéd téh indit ka Amérika, tapi saméméh indit si Ubéd téh
dibéré bungkusan jeung salembar kertas ku bapana.
“Céng rék éléh rék meunang omat ulah
kaduhung, jeung hiji deui omat sing jujur. Ieu bekel ti bapa keur acéng, mugia
sing mangpaat nyah. Bapa mah teu bias nganteur ka ditu, ngan ukur bias
ngadoakeun di imah” Ceuk Bapana mere peupeujeuh ka si Ubéd.
“Muhun pa, najan kumaha gé Ubéd mah
bakal narimakeun, rék éléh rék meunang mah kumaha engké”
Laju si Ubéd téh indit ka Amérika.
Sanepina diditu manéhna téh diadu jeung sabaraha nagara pamilon. Ti unggal
babak téh si Ubéd meunang tuluy, nepikeun manéhna asup ka babak final ngalawan
Amérika, jeung Italia. Tapi pas nalika istirahan saméméh taram lomba. Si Ubéd
nu ngalicikan, dahareunana aya nu maok.
“Adeuh, kamana ieu dangdeur? Tadi
téh asa ditunda didieu. Kudu kumaha ieu, mangkaning keudeung deui lombana
taram” Ceuk si Ubéd semu hariwang.
Ti dinya manéhna ka ingetan
bungkusan paméré bapana. Haju dibuka wéh si bungkusan téh, barang dibuka sing
horéng eusina téh kulub boléd. Terus manéhna muka kertas nu dibéré ku bapana.
Barang dibuka eusina téh horéng jajangwokan hitut nu légéndaris.
“Ah, tibatan euweuh keur ngaganjel
beuteung mah ieu wéh lah kulub boléd”
Teu lila, acara pasanggiri hitut
internasional gé dikawitan.
“Pamiarsa sadayana di saluruh
dunya……… Wilujeng nyakséni. Patandang nu ka hiji nya éta ti Amérika, Jos Ajos,
kalayan kadaharanna Humberger. Manga…!!!”
Barang hitut téh, Beledug !!!!!!!
saratus imah rubuh kabéh.
Patandang
nu ka dua nya éta ti Italia, Fidio, kalayan kadaharanna Spagéti. Manga…!!!”
Barang
hitut téh. Jeledag !!!!!!! saratus imah ruduh, jeung tihang listrik parotong.
Patandang
nu pamungkas nya éta ti Indonésia, Ubéd, kalayan kadaharanna…... naon daharna
téh?” Ceuk MC
“Kulub
boléd” Témbal si Ubéd.
“Oh,
kalayan kadaharanna kulub boléd…. Mangga…”
Saméméh
hitut téh si Ubéd maca heula jangjawokan paméré bapana.
“Bismilahirrohmanirrohim.
Tut alaitut, padati pada rohani, Allahumma bulbaéni.”
Pokna.
Barang
hitut téh. Plecussssssss. Sakabéh panongton, pamilon jeung juri sareuri kabéh.
Tapi pas ningga 10 detik, ujug-ujug sakabéh nu aya di dinya paringsan. Nepi ka
30 menitna.
Sanggeus
kabéhan sadar jeung juri geus ngabadamikeun, ahirna diumumkeun yén juarana téh
Ubéd ti Indonésia. Ahirna si Ubéd téh jadi Raja Hitut Dunia.
*** TAMAT ***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar