Sasakala Urang Baduy (Versi 01)
Jaman
baheula aya hiji Raja nu boga kakawasaan nu pang legana ti Karajaan Papajaran.
Ceuk béja éta Raja téh asalna ti Sorga Loka. Nalika Islam asup ka tatar sunda,
tur sumebar kamamana di unggal wilayah tatar sunda. Éta Raja ujug-ujug
ngaleungit ti istinana, alatan embung ngagem agama islam. Leungitna manéhna téh
bareng jeung dulurna nu ngaranna Pucuk Umun.
Raja
jeung Pucuk Umun téh ngarobah dirina jadi manuk béo. Si Raja jeung Pucuk Umun
téh ngalalana ka dieu ka ditu, ti ujung kidul ka ujung wétan, ti ujung kalér ka
ujung kulon, nyiar tempat nu jempling nu masih kénéh kosong can aya nu nemptan
atawa can ditempatan ku jelema, pikeun nyumput ti jalma réa.
Geus
kuralang-kuriling ka dieu ka ditu, ahirna Raja jeung Pucuk Umun téh nepi ka
hiji tempat di Cibaduy béh kuloneun tatar sunda (Banten).
“Ayi
urang turun di dieu” Ceuk Raja.
“Muhun
Kakang” Témbal Pucuk Umun.
Laju
éta dua manuk béo téh turun di hiji leuweung gelenggengan. Éta tempat téh
disalusur heula, nepikeun maranéhna manggih hiji tempat nu eusi ngan ukur aya
keusik wungkul. Tuluy maranéhna téh nyicingan éta tempat. Haju mere ngaran éta
tempat Cikeusik.
“Ai
sigana ieu tempat téh masih can kacabak ku jalma, ka témpo tina kaayaan alamna
nu masih kénéh di eusi ku rupa-rupa sasatoan” Ceuk Raja
“Muhun
Kakang” Témbalna Pucuk Umun.
Hiji
poé éta dua manuk béo téh indit. Di tengah jalan manéhna manggih hiji walungan
nu kacida hérang caina, nepikeun éta dua manuk béo téh kataji ka éta walungan
téh, tuluy turun ka éta walungan. Pas geus turun éta dua manuk béo téh mandi di
éta walungan, tuluy ujug-ujug awakna téh balik deui jadi ngawujud manusa.
Alatan walungan éta geus bisa ngarobah wujud béona éta walungan téh diaranan
Cibéo.
Saban
poé, di Cikeusik téh dipinuhan ku katurunan Raja jeung Pucuk Umun. Bakating ku
geus pinuh Raja jeung Pucuk Umun téh muka deui hiji leuweung tuluy dijadikeun
hiji lembur anyar. Éta lembur téh aya di hilireun Walungan Cibéo. Éta lembur
anyar téh diaranan Cikerta Warna (Kerta Warna). Kerta téh hartna ramé
sedengkeun Warna téh leuweung. Beuki ka dieu beuki ka dieu éta lembur téh jadi
ramé.
Di
Ci Baduy ahirna jadi aya tilu lembur anu ramé, nya éta Cikeusik, Cibéo, Jeung
Cikerta Warna. Maranéhna hirup ku adat istiadat jeung undang-undang sorangan.
Maranéhna anu kiwari dikenal urang Baduy. Maranéhna dipingpin ku salah saurang
nu gelarna atawa disebut Geurang Puun.
Urang
baduy boga budaya silih harga kana hak milik batur. Lamun aya urang baduy anu
ngareumpak aturan jeung undang-undang anu masih dipaké di éta adat atawa geus
teu kuat di adat, éta jalma bakal dititah kaluar ti baduy atawa diasingkeun ka
lembur Nangka Bengkung. Masarakat baduy nu di éta lembur disebut baduy luar.
Sedengkeun urang baduy nu nyicingan di tilu tempat tadi disebut baduy jero
(dalem).
*** TAMAT ***
Tidak ada komentar:
Posting Komentar