Sisindiran Pamingpin


Ku Muhamad Kusaéri
Manjing ka magrib téh jol ngadak-ngadak réa omong di béh dapur téh. silih témbal omongan lalaki jeung awéwé. Mimiti mah teu pati teuing dipaliré ku kami da ngan ngomongkeun perkara awéwé´téh kudu rancagé pangabisana, tapi naha ujug-ujug si lalaki hideung gedé téh ngomongna téh kalah ngarancabang ka ditu ka dieu. Nyuat-nyuat perkara Kepala Suku jeung Menteri Sumber Daya katut Percaian di imah téh.
“Awéwé téh manéh mah teu bisa nanaon euy” Ceuk si hideung gdé bari seuri nyindir.
“Ah wios kang da diajar kénéh, akang mah mah pan hebat” Témbalna bari isin.
“Atuh, teu siga Kepala Suku nu bisana ngan héés waé ti isuk, meuni teu daék gégéroh acan” pokna.
“Ieu deui Menteri Sumber Daya katut Percaian téh meuni hésé kana miceun runtah téh” tambahna bari nyengiran.
Kami nirilik ti jero kamar néangkeun éta si hideung gedé. Tadina mah dék diantep, tapi da geus lain sakali dua kali kitu ka kami téh. ari kanu séjén tara kitu, komo hareupeun sémah mah jeung deuih mun ngomong téh sok tara ngaragap diri sorangan. Bong kéna létah teu tulangan, basa teu bisa ngaragap haté batur.
“Ehem, tapi da asa geus dikumbahan ku kami urut-urutan kami mah” Témbal kuring.
Nu awéwé mah geus teu ngomong deui, da meureun geus keuna kana haténa. Atuh saha nu teu nyelekit kana haté, omonganna nu matak pikakeuheul batur ieuh.
“Oh kitu, naha atugh itu masih kénéh seueur nu kalotor?” pokna
“Pan harita geus kungsi nyieun perjangjian parabot nu geus dipaké ku sorangan kumbah ku sorang, ulah ngandelkeun batur” Témbal kami.
“Atuh pan pupuhu mah kuduna nyontoan”Témbalna deui.
“Pan keur isuk gé kami nyontoan bari jeung nelen ciduh barudak dina perjangjian nu dijieun dina peuting harita, lamun Juru Simpen euweuh sagala rupa perduitan jadi tanggung jawab Kepala Suku, pan kami gé nyontoan mikeun duit ka manéh keur mayar cai galon” Tambah kuring.
Si hideung gedé can eureun nyindiran téh, ngan manéhna pindah topik jadi ngabahas Menteri Sumber Daya katut Percaian nu can miceun runtah téa. Padahal Si Menteri Sumber Daya katut Percaian téh karak balik ti acara di Organisasina. Tuluy ngarancabang si omongan téh, padahal nu intina mah nyindiran kami. Teuing kunaon ieu jelema téh jiga nu boga dendam pribadi kami. Padahal lamun manéh ngayakeun acara diorganisasina kami mah ngiluan, da karunya ka babaturan hayang ngabantuan, sabari miharep sugan sikepna bisa robah. Ieu mah kalah beuki ngajadi. Komo ayeuna si hideung gedé téh keur jadi pupuhu dina hiji Organisasi, mupuhuan kami.
“Jadi pamingpin téh kudu nyontoan nyah, atuh lamun kitu mah kabeneran. Cik atuh pangnyontoankeun pangmayarkeun sametan ti organisasi sadérék nu masih nganjuk barang ka kami” Ceuk kami bari lentong nyindir.
“Atuh éta mah tanggung jawab nu nganjukna, urang mah ngan mengawasi” pokna bari beungeutna semu beureum.
“Atuh parabot kotor gé urang ngan mengawasi meureun, da éta gé kuduna téh tanggung jawab nu geus makéna meureun” témbal kami.
Sabari nahan kakeuheul ka kami, éta si hideung gedé téh ngoloyor ninggalkeun obrolan kitu baé. Beungeutna semu beureum, matana pinuh kakeuheul jeung leungeunna meureup bari leumpang naék ka loténg imah.
***
“Peupeujeuh ki dulur hirup mah ulah sok mindeung teuing sindir sampir ka batur, ari embung disindir sampiran deui mah ku batur. Peupeuriheun létah mah teu tulangan, matak kudu bisa ngaragap haté batur. Batur boga haté nu bisa nyeri, kitu ogé ki dulur!”
“Pamingpin kudu jadi conto nu hade, nu bisa narima kritik ti batur, lain kalah jadi tukang nyindir batur, tapi teu narima nalika dibalik sindir ku batur.”

 “Mugia saeutik carita tadi bisa jadi pieuteung keur urang. Omat ki dulur paéh mah sakali, tapi hirup mah dua kali, nalika urang ngalaman hirup nu ka dua urang bakal dipénta pertanggung jawaban urang salila hirup di dunya”