Sasakala Lauk Lélé
Kacaritakeun
baheulana mah lauk lélé téh beurit. Kieu caritana, hiji mangsa aya sakadang
beurit dék ulin ka imah babaturanna. Imah babaturanna téh aya di peutaseun
walungan Cilélé. Keur nepi ka imah babaturanna téh si beurit kudu mapay érétan
awi, tapi éta teuing kunaon palébah meuntas walungan, saralak gejebur si beurit
téh kajebur ka walungan. Si beurit téh tikelekep, lantaran teu bisaeun ngojay.
Si beurit tuluy ngadoa “gusti kami téh masih kénéh hayang hirup, mun gusti
nyaah ka kami, kami hayang jadi bisa ngojay” pokna dina jero cai téh. Antukna
éta beurit téh jadi lauk lélé. TAMAT
Tidak ada komentar:
Posting Komentar