Kumpulan Kila-kila Bagian ka-4
- Lamun ngimpi nabeuh goong, bakal moal aya kagoréngan
- Lamun ngimpi naék ka gunung, makal meunang milik
- Lamun ngimpi naék ka langit, bakal luhung élmuna
jembar pangaweruhna.
- Lamun ngimpi naék karéta, bakal kaleungitan milik
- Lamun ngimpi naék tangkal kalapa potong tengahna,
bakal aya kakapaténan.
- Lamun ngimpi naék tangkal kalapa, bakal aya nu méré
hutang.
- Lamun ngimpi namapa permata (inten), bakal
meunang milik gedé
- Lamun ngimpi nampa duit, bakal meunang kasusah
- Lamun ngimpi nénjo hujan, bakal meunang milik
- Lamun ngimpi neunggeulan budak, bakal meunang
kasusah
- Lamun ngimpi neunggeulan oray, bakal ngéléhkeun
musuh urang
- Lamun ngimpi ngadahar daging embé, bakal aya nu méré
salaki/pamajikan
- Lamun ngimpi ngadahar daging oray, bakal aya nu
nganiaya
- Lamun ngimpi ngadahar gula, bakal aya nu jahat
- Lamun ngimpi ngadahar lauk hayam, bakal meunang
untung
- Lamun ngimpi ngadahar taneuh, bakal meunang milik
- Lamun ngimpi ngajaring manuk, bakal meunang rejeki
- Lamun ngimpi ngajuru, bakal datang milik
- Lamun ngimpi ngala anggur, bakal meunang kabungah
- Lamun ngimpi ngala buah dalima, bakal meunang milik
- Lamun ngimpi ngala cau arasak tuluy didahar, bakal
meunang kabungah
- Lamun ngimpi ngala jeruk, bakal meunang kasedihan
- Lamun ngimpi ngala lauk cai, bakal meunang untung
- Lamun ngimpi ngala manuk merak, bakal boga kabogoh
- Lamun ngimpi ngala pare, bakal meunang kasusah
- Lamun ngimpi ngala seuneu, bakal susah
- Lamun ngimpi ngambek, bakal meunang katugenah
- Lamun ngimpi ngambeu bangké, bakal manggih tugenah
- Lamun ngimpi ngambeu seuseungitan, bakal aya nu
mikanyaah
- Lamun ngimpi ngapung, bakal meunang susah
- Lamun ngimpi ngarasa sieun, bakal meunang kacilakaan
- Lamun ngimpi ngawangong sareng wali nu mana baé,
bakal boga élmu nu luhur
- Lamun ngimpi nginum, bakal aya nu ngéwa
- Lamun ngimpi ngising, bakal kaleungitan
- Lamun ngimpi ngojay, bakal teu tinekanan paniatan
- Lamun ngimpi ngudud (nyeupah), bakal aya nu ngahina
(ngahampas)
- Lamun ngimpi ningal Baitullah, bakal meunang
kamurahan
- Lamun ngimpi ningal batu hideung, bakal meunang
bebendon ti Pangéran
- Lamun ngimpi ningal béntang ragrag ka imah urang,
bakal meunang milik
- Lamun ngimpi ningal beuteung sorangan, bakal meunang
kasenangan
- Lamun ngimpi ningal bulan jeung panonpoé, bakal aya
karusakan di nagarana
- Lamun ngimpi ningal bulan, bakal loba nu asih
- Lamun ngimpi ningal cahaya beureum, hideung, koneng,
jeung bodas, bakal bakal deukeut kana waktuna (paéh)
- Lamun ngimpi ningal cahaya, bakal dihampuara dosana
- Lamun ngimpi ningal camara bodas, bakal ngalalakon
hirupna
- Lamun ngimpi ningal jalan ngemplong, bakal
ditangtayungan hirupna
- Lamun ngimpi ningal jalma ngapung, bakal luas
pikiran
- Lamun ngimpi ningal loba hayam, bakal bakal meunang
loba sobat (batur)
- Lamun ngimpi ningal masigit rubuh, bakal aya kasusah
gédé
- Lamun ngimpi ningal Nabi Muhammad SAW, bakal aya nu
méré berekah
- Lamun ngimpi ningal pajaratan para wali, bakal aya
nu ngahijikeun kana dirina (kasumpingan)
- Lamun ngimpi ningal panonpoé kembar, bakal aya
kaributan/perang di nagara
- Lamun ngimpi ningal rupa sorangan, bakal loba nu
hayang kapanggih
- Lamun ngimpi ningal sahabat Rasulullah, bakal naék
pangkat atawa meunang jabatan luhur..
- Lamun ngimpi ningal sawarga, bakal boga élmu maripat
- Lamun ngimpi ningal talaga, bakal meunang rejeki
- Lamun ngimpi ningal tangkal dihandapeun, bakal
dihormat ku sasama
- Lamun ngimpi ningal tangkal nyagak dua, bakal
meunang kasusahan
- Lamun ngimpi ningal walungan caah, bakal aya nu ambek
- Lamun ngimpi ningali naraka, bakal teu bisa hirup
senang
- Lamun ngimpi numpak kapal udara, bakal aya milik
gedé
- Lamun ngimpi numpak kuda, bakal salamet, naon nu
dimaksuk tinekanan
- Lamun ngimpi numpak maung, bakal meunang darajat
- Lamun ngimpi numpak naga, bakal hasil sagala nu
dimaksud
- Lamun ngimpi nyangu, bakal meunang kasusahan
- Lamun ngimpi nyiduh diwadahan, sarta ciduhna
ngagibleg siga ager, bakal meunang kabungahan sarta diberkahan ku umat Nabi.
- Lamun ngimpi nyiduh, bakal meunang kasusah
- Lamun ngimpi nyolatkeun mayit, bakal aya nu ngabéla
lahir batin
- Lamun ngimpi nyukang tapi cukangna potong, bakal
meunang susah
- Lamun ngimpi nyukang, bakal bakal meunang kabungahan
- Lamun ngimpi paéh, bakal boga milik
- Lamun ngimpi palid, bakal meunang susah
- Lamun ngimpi papendak jeung Imam Mahdi, bakal jadi
sampurna hirupna dunya ahérat
- Lamun ngimpi papendak sareng Nabi Adam AS, bakal
meunang kabungah
- Lamun ngimpi papendak sareng Ratu Adil, bakal jadi
jalma nu nangtayungan dunya (Pamingpin)
- Lamun ngimpi paséa, bakal aya nu nyaah
- Lamun ngimpi puasa, bakal meunang darajat
- Lamun ngimpi rék indit hésé disamping, bakal
kawiwirangan
- Lamun ngimpi rék indit tapi hésé rék digelung
udar-ider deui, bakal aya nu mikangéwa
- Lamun ngimpi rék indit tinggaleun selop atawa
sapatu, bakal aya nu sirik.
- Lamun ngimpi rék nyiduh tapi hésé kaluarna, bakal
jadi jalma teu teu boga kasieun (wanian)
- Lamun ngimpi saré, bakal butek pamikiran
- Lamun ngimpi sasauran jeung pamingpin (Présidén), bakal
meunang kabungah (naon waé nu dipimaksud bakal tinekanan)
- Lamun ngimpi sholat, bakal sagala pagawéanna
dihampuara
- Lamun ngimpi sukan-sukan, bakal susah
- Lamun ngimpi tangkal cau rubuh, bakal aya nu gering
cepot
- Lamun ngimpi teuleum ka jero cai, bakal meunang
kasenangan
- Lamun ngimpi urang ménta dihampura ka kolot, bakal
dihampuara dosana ku Pangéran (Allah)
- Lamun ngimpi wudu, bakal sampurna hirupna
- Lamun sumeblak haté jam 1-2, bakal aya nu ngondang
- Lamun sumeblak haté jam 3-5, bakal hajat
- Lamun sumeblak haté jam 5-7, bakal meunang kabungah
- Lamun sumeblak haté jam 7-9, bakal aya nu nanyaan
- Lamun sumeblak haté jam 9-11, bakal dahar nu ngeunah
- Lamun sumeblak haté jam 11-13, bakal dipikabogoh
- Lamun sumeblak haté jam 13-15, bakal meunang rejeki
- Lamun sumeblak haté jam 15-17, bakal meunang
kabungahan
- Lamun sumeblak haté jam 17-19, bakal datang sémah
- Lamun sumeblak haté jam 19-23, bakal pacogrékan
- Lamun sumeblak haté jam 23-1, bakal …… aya nu
ngalamar anak urang
Tidak ada komentar:
Posting Komentar