Ngaguar Perkara Kakawihan “Cing Cang Keling”


Ku Muhamad Kusaéri 
Kakawihan nya éta lalaguan nu sok dihaleuangkeun ku barudak laleutik, ilaharna mah nalika keur arulin kaulinan barudak, saperti oray-orayan, cingciripit, jsb. Tapi aya ogé kakawihan nu dihaleuangkeunna hanteu dina keur arulin kaulinan barudak, saperti tokécang, jeung cing cang keling. Unggal kakawihan ngabogaan harti masing-masing biasana mah eusi atawa hartina téh ngeunaan peupeujeuh keur barudak. Tah, ku kituna ayeuna urang rada pedar salah sahiji kakawihanna nya éta kakawihan “Cing cang kleing”.
Kungsi harita ngadoni jeung salah sahiji dosén bari ngaguar perkara maksud tina kakawihan Cing Cang Keling. Keiu pokna téh kakawihan cing cang keeling téh nya éta kakawihan nu eusina peupeujeuh atawa naséhat keur barudak awéwé. Jéntréna mah urang bahas unggal padalisanna wéh langsung.
Padalisan ka-1
Cing cang keeling manuk cingkleung cineten
Kecap manuk manuk cingkleung dina rumpaka kakawihan cing cang keeling éta téh boga harti ngagambarkeun kana bobogaan budak lalaki “manuk”. Kecap manuk ku kolot baheula mah sok diibaratkeun keur barang bobogaan lalaki (moal disebutkeunlah bisi jorang).
Padalisan ka-2
Plos ka kolong bapa satar buleneng
Dina padalisan ka dua éta téh ngabogaan maksud lanjutan tina padalisan ka hiji, lamun si manuk cingkleung nepi asup plos ka kolong balukarna téh buleneng. Jadi kieu lamun éta si manuk nepi asup kana nu aya di kolong bobogaan awéwé (moal disebutkeun deui bisi jorang). Tah éta téh bisa ngabalukarkeun si awéwé téh ngandeg.
Tah matak ku kituna ieu kakawihan téh teu sakaba-kaba dijieun ku karuhun urang téh, sangkan awéwé nu anom kénéh téh bisa ngajaga kahormatanana. Ulah nepikeun si manuk asup ti heula saméméh ijab kobul. Lain ngan ukur kakawihan cing cang keeling wungkul nu ngabogaan harti nu kacida pentingna keur kahirupan urang téh, tapi kabéh kakawihan gé ngabogaan harti nu nyamuni.

(Pamaca nu hade nya éta nu kersa ngoménan ieu tulisan)

Tong hilap komén ki dulur…. Hehehehe