Sajak Desember 2014

Japati

Muhamad Kusaeri
Paripaos indung piyik
Kapiati siang wengi
Ti jauh asa nu lindeuk
Mun deukeut teu daék adek

Jujap-jajap mamawa surat
Ngébréhkeun rasaning ati
Saban poé indit-inditan
Teu weléh sabar najan sorangan

Sok jadi pamanah rasa
Sok jadi pamatri ati
Silih asih silih tresna
Lir carita Rama Sinta
Négla, 1 Désémber 2014


********************************************************************************* 

Paré
Muhamad Kusaeri
Binih-binih nu harita kungsi dikeueuman
Kiwari geus ting berejel sirungan
Jadi petét diunggal ranca
Hirup nepi ka gedé didinya

Tapi ayeuna si petét geus dibuat
Balik deui jadi paré
Nu saban poé ditébar di tegal
Bari ditilaman ku amparan lawon panjang
Sangkan tuus tina baseuhna

Kebat dipisahkeun jeung bajuna
Nu nyésa sakur kelir bodas
Tuluy tapian, haju diisikan
Nepi leungit kokotorna

Tapi kunaon bet kudu dibersihan?
Kapan kelirna geus bodas, geus misah ti bajuna
Tuluy naha kudu bet diseupan?
Kapan kitu ge geus bisa didahar
Pokna ambéh antukna bisa datang nu ngaranna ni'mat
Négla, 11 Désémber 2014

 *********************************************************************************

Lir Paré
Muhamad Kusaeri
Ti mimiti Si binih dikeueum na beuteung cai
Nepi ka ting berejel sirungna
Tuluy ditebar salega ranca
Nu saban poé diasuh, dijaga, jeung diriksa

Nincak mangsa babut, dipindahkeun ranca séjén
Ditancepkeun rada paangga dibébécékan
Saban minggu teu weléh diipukan kahadéan
Sangkan bisa nangtung ajeg, teu runtag ku ayeuh

Tapi lamun geus mangsana dibuat
Bakal dialaan deui ku nu kagungan
Tuluy dikumpulkeun bari didéang dina wanci manceran
Nepi tuus, leungit cai jeung leutakna

Haju ditutuan ku lisung
Nepi ka misah jeung gabahna
Tuluy ditapian, diisikan nepi ka bener-bener bersih
Bersih tina sarupaning mérangna
Kebat diseupan nepi kaasak

Négla, 12 Désémber 2014