Kumpulan Pamali

  1. Budak leutik ulah ngomé cai ti peuting, bisi dipangku ku tuyul.
  2. Budak leutik ulah sok ngadahar tunggir hayam, bisi engké ditunggiran ku pamajikanna.
  3. Lamun dahar kudu nepi kaséép, mun nyésa bisi meunangkeun salaki/pamajikan nu goréng.
  4. Lamun dahar ulah ditampa, bisi satampa-tampana.
  5. Lamun keur nyawah ulah dahar keur magrib, bisi gagal dibuat (panén).
  6. Lamun nuar cau kudu nepi kasapat, bisi jadi mamala.
  7. Lamun saré ulah nangkarak, bisi gampang beunang ku werejit.
  8. Mun dahar kudu diséépkeun, sabab lamun hanteu séép sok meunangkeun pamajikan atawa salaki anu goréng.
  9. Mun dahar rék nambah ulah di beresihkeun, bisi rejekina pegat.
  10. Mun dahar ulah sok bari cemplak, bisi dibaturan ku ririwa.
  11. Mun tengah peuting ulah sok gandéng kokolotrakan, bisi aya nu nurutan.
  12. Mun tengah poé éréng-éréngan atawa wanci tangangé ulah sok ngalun di walungan, bisi kasantap jurig cai.
  13. Nu ngandeg ulah meret pakéan kana suku, bisi hésé ngalahirkeunana.
  14. Nu ngandeg ulah sok cicing komo ngalamun di lawing panto, bisi matak hésé kana ngalahirkeunna.
  15. Nu ngandeg ulah sok ngadahar térong, bisi budakna badeur.
  16. Uah sok sare dina wanci tunggang gunung, bisi tereh pikun.
  17. Ulah cicing dina lawang panto, bisi nongtot jodo atawa hésé meunangkeun jodo.
  18. Ulah dahar bari cingogo, bisi maot di lembur mitoha.
  19. Ulah dahar dina kékéncéng (katél), bisi goréng bidang (katempo ku batur mah sok goréng)
  20. Ulah dahar dina ringkok, bisi meunangkeun jodo nu beungeutna dekok siga ringkok.
  21. Ulah dahar saacan mandi, bisi pondok rejeki.
  22. Ulah dahar sabari céplak, bisi pondok duduluran.
  23. Ulah dikuramas lamun aya nu maot, bisi nu maot ménta dibaturan.
  24. Ulah diuk dina halu, bisi majir (mandul).
  25. Ulah haseum di wanci magrib, bisi ditinggalkeun kolaot.
  26. Ulah héhéotan di kuburan, bisi didoakeun maot ku nu di kuburan.
  27. Ulah kucas-kécos (ngaput) ti peutin, bisi matak pondok kana umur.
  28.  Ulah lila teuing cicing di jamban, bisi téréh kolot awakna tibatan umurna.
  29. Ulah maca bari kekedengan, bisi téréh ka pécak.
  30. Ulah maéhan oray di jero imah, bisi imahna kahuruan.
  31. Ulah maéhan oray hideung, bisi nu bogana datang menta ganti.
  32. Ulah mandi dina waktu tangangé/tangari, bisi téréh kolot jeung rejeki dicokot batur.
  33. Ulah masang tali sapatu bari dipaké sapatuna, bisi pondok kana léngkah.
  34. Ulah miara anjing gigireun imah, bisi malaikat teu bisa ka imah.
  35. Ulah napian béas dina handapeun awi konéng, bisi ditéangkeun kunti.
  36. Ulah ngadah lauk jeung sisikna, bisi matak ngabalngsakkeun.
  37. Ulah ngadahar cau butitina, bisi meunangkeun jodo ka urang pasisian (leuwueng).
  38. Ulah ngadahar cau sisina, bisi dirunghal ku adi.
  39. Ulah ngadiukan bantal, bisi bisulan.
  40. Ulah ngagandong budak dina taktak ti peuting, bisi hésé pangancian (mindeng ngahuleng).
  41. Ulah ngaguntingan kuku ti peuting, bisi leungit kanyaah ti kolot.
  42. Ulah ngajait sangu teu jeung langsengna, bisi maot dipanyabaan
  43. Ulah ngajualan iwung, bisi malarat hirupna.
  44. Ulah ngaléngkahan kuburan, bisi dibobongkongan.
  45. Ulah ngaléngkahan pangasahan, bisi nyeuri kiih.
  46. Ulah ngaputan tipeuting, bisi tunggur kaungeun.
  47. Ulah niup suling ti peuting, bisi aya nu néangkeun sabangsa manung.
  48. Ulah nuar awi di poé rebo jeung poé saptu, bisi ngongoraeun awina nu matak jadi balangsak kana hirup.
  49. Ulah nyabutan bulu bitis, bisi d tinggalkeun ku nu dipikanyaah.
  50. Ulah nyieun pancuran nu nyurulungna ka arah kiblat, bisi dipaké mandi ku kunti.
  51. Ulah nyieun saung di sisian kebon, bisi matak ngarasa dibalik-balikeun awak.
  52. Ulah pagirang-girang tampian, bisi aya rebut gedé
  53. Ulah saré nangkub mun keur caang bulan (purnama), bisi aya manuk yakyak (Gaak) nu mawa paéh.
  54. Ulah saré sanggeus waktu ashar, bisi teu éling-éling.
  55. Ulah sasapu ti peuting, bisi miceun rejeki.
  56. Ulah sok  maké baju bari leumpang, bisi naon anu dipikahayang atawa cita-citana teu kalaksana.
  57. Ulah sok dahar bari leuleumpangan, bisi kateuhak
  58. Ulah sok dahar dina coét, bisi meunangkeun jodona lamun awéwé ka aki-aki,laun lalaki ka nini-nini.
  59. Ulah sok dahar dina piring cotak, bisi dihinaan ku batur.
  60. Ulah sok dahar dina pisin, bisi balangsak.
  61. Ulah sok dahar petis dina waktu peuting, bisi ngabalukarkeun kategeunah haté, jeung lamun ka nu can kawin mah bakal hésé jodo, tapi pikeun nu geus kawin mah bakal paséa waé.
  62. Ulah sok diuk bari ngais orok, matak orokna geringan baé
  63. Ulah sok diuk dina nyiru, bisi labuh dinu ramé.
  64. Ulah sok héhéotan di goah paranti neundeun pare/béas, bisi rasa rasa béas leungit atawa matak hiber.
  65. Ulah sok héhéotan di jero imah, bisi aya jurig nu nurutan.
  66. Ulah sok héhéotan di leuweung, bisi disampeurkeun maung.
  67. Ulah sok kiih bari nangtung, bisi jadi incuna sétan.
  68. Ulah sok kiih di luhur kuburan, bisi disunatan ku jurig
  69. Ulah sok lalanggiran, bisi ditinggalkeun maot ku kolot.
  70. Ulah sok maké baju tibalik, bisi di tuturkeun maung.
  71. Ulah sok maké paying di jero imah, bisi halodo manjang.
  72. Ulah sok mandi magrib, bisi ku kelong (mamala).
  73. Ulah sok meuleum daun hirup, bisi loba léntah.
  74. Ulah sok miara manuk garéja, bisi kahuruan.
  75. Ulah sok miceun sangu ka jarian, bisi balangsak.
  76. Ulah sok monggol tonggong anak, bisi tengger kalongeun.
  77. Ulah sok motongkeun pucuk cau (daun cau nu di tengahna nu masih merengkel), bisi téangkeun ku pocong.
  78. Ulah sok motong-motong régang kai di leuweung ku leungeun, matak sok aya nu nuturkeun.
  79. Ulah sok nalikeun handam dina awak, bisi awakna jadi belang siga maung.
  80. Ulah sok nangkeup harigu, bisi lob aka bingung.
  81. Ulah sok nangkeup tuur, bisi téréh ka linglung.
  82. Ulah sok ngadahar cau nu ngarémpét, bisi lamun boga anak rémpét.
  83. Ulah sok ngadahar cékér hayam, bisi nulisna téh sok joré.
  84. Ulah sok ngadahar endog jeroan (nu masih dina beuteung hayam), bisi matak hésé ka boga anak.
  85. Ulah sok ngadahar haté hayam, bisi kana panyakit ayan/géhgéran.
  86. Ulah sok ngadahar jambu nu ku kalong, bisi meunang rejeki nu goréng.
  87. Ulah sok ngadahar jantung cau, bisi jajantung caueun
  88. Ulah sok ngadahar jeroan nu deukeut iga, bisi matak jadi ngempod (borangan)
  89. Ulah sok ngadahar kimput, bisi jadi jalma nu ruwet haté.
  90. Ulah sok ngadahar polo hayam, bisi téréh huisan.
  91. Ulah sok ngadegungkeun sirah batur, bisi kalah jadi bodo.
  92. Ulah sok ngadék areuy baneng, bisi katalimeng.
  93. Ulah sok ngadiukan méja, bisi gedé hutang.
  94. Ulah sok ngadurukan kararas, bisi loba leunyay.
  95. Ulah sok ngagambar mahlik hirup, bisi sok nunngtut ménta nyawa di ahérat.
  96. Ulah sok ngaji atawa sosolawatan di jamban, bisi élmu pangaweruh urang matak teu mangpaat atawa pararoho deui.
  97. Ulah sok ngajul tangkal buah nu keur ditaékan, bisi ragarag jeung nu naékanana.
  98. Ulah sok ngégélan samping, bisi kana cacingeun.
  99. Ulah sok ngéncakeun lamun keur gawé, bisi jadi jalma talangké.
  100. Ulah sok nginum dina tutup térmos, bisi dihinaan ku batur.
  101. Ulah sok ngomé béas nu keur ditapian, bisi dijual ku uwa.
  102. Ulah sok nuar tangkal randu, bisi kaangluh nyeri sirah.
  103. Ulah sok nyacagan lincar, pentér atawa kusén, bisi batur nu ngalakukeun kasalahan tapi urang nu salahkeun.
  104. Ulah sok nyiduh ka beulah kénca, bisi malaikat ka ciduhan.
  105. Ulah sok nyorat-nyorét beungeut jelema nu keur saré, bisi nyawana teu balik deui.
  106. Ulah sok nyunyuhun leungeun, bisi ditinggalkeun ku kolot.
  107. Ulah sok tuak-taék kana tangkal tangkil, lamun ragag sok jadi gélo.
  108. Ulah sok ucing sumput ti peuting, bisi di sumputkeun kelong.
  109. Ulah tatalu ti peuting, bisi aya nu nurutan atawa nuturkeun.
  110. Ulah tuturut munding, bisi cilaka atawa katulah.
  111.